Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

IV

Cenah kitu talatahna, mun manehna sah ti dunya, kudu jadi milik kuring.

Lontar “dijilidan” ku awi meunang miceunan hinisna, buku tulis kandel geus kucel jeung surat.

Barang breh oge ujug-ujug tenget bae kana lontar mah. Lontar sempalan tina Ramayana, nu tuluyna jadi heuleuran hirup kuring mumunelna. Hirup kuring jeung manehna, da teu katuliskeun samemehna jeung sabadana mah.Samemehna kuring papanggih jeung manehna, nya kitu deui sanggeus manehna euweuh dikieuna. Teu aya hirupna oge!

Teu dibuka lontar mah, nu meunang nalian ku kanteh dicangreud mulang teh. Terang kana eusina anu kuring teu bisa macana, teu timu. Aksarana henteu, basana sumawonna. Basa jeung manehna oge kuring mah ukur ngilikan gambarna. Gambar kunyuk maranggul batu, cenah palebah nambak sagara. Gambar buta gede ngajungkiring dikurubut ku pirang-pirang wanara, cenah palebah Ambakarna maju perang. Jeung rea deui gambar nu direka wayang.|

Anu kuring kakara terang, kakara nenjo harita, buku-tulis nu karton kandel jilidna. ’’Tong-Bie’’ merekna dina etiket mah. Ari aksara tulisan manehna nu atra keneh kabaca dina etiket: ”Dagboek”.

61