Gancang dibukaan eta mah, panasaran hayang nyaho naon eusina.
Aksarana teuing ku rupa-rupa. Mangsi oge mani aya sababaraha rupa mangsi. Geus puguh nu hideung, make aya nu piolet jeung nu beureum sagala. Malah aya tapak patlot. Patlot biasa, hideung, jeung patlot pulas pantesna teh, warna kayas.
Eusina teuing ku pepek. Ngan sirikna teu unggal kajadian anu tumiba kana dirina dicatetkeun.
Catetan ringkes. Rea anu ngan sauted-sauted. Bari rata-ratana siga nu ngomong sorangan wanda nuliskeunana teh, aya nu ngaguluyur bae teu puguh koma jeung peunna.
Lolobana catetan ti barang manehna nyaho rek direremokeun. Ti keur di H.I.S. keneh. Malah saterusna mah wungkul kajadian nu aya pakuat-pakaitna jeung eta bae anu dicatetkeunana teh. Cara keukeuh-peuteukeuhna manehna hayang nuluykeun sakola, ulah ngan semet tamat H.I.S. wungkul. Eta enas-enasna alesan manehna mah nyebut keyeng hayang ka F.K.S. teh, bakat ku embung dikawinkeun.
Dina catetanana kagambarkeun gangguan ingetanana salila manehna sakola. Batur-baturna mah jongjon mikirkeun pangajaran, ari manehna teu kaur balas kaganggu ku ngalelewang manch, dina mangsana manehna geus tamat sakolana. Parandene kitu teu burung manehna unggal taun naek kelas, nepi ka kelas pangluhurna.
Palebah dieu deuih jentrena catetan teh. Dina geus kari bubulanan deui kana tamat sakola. Nepi ka cara nu rek ditibanan hukum pati bae manehna mah nyanghareupan tamat sakola teh.
Aya kelemengna kalangkang gilig hatena. Ti batan daek direremokeun, kajeun hirup balangsak, lolos ninggalkeun kolot.
Tuluyna ayanu kieu unina catetan manehna teh:
23 Mei. Ngabrangbrangkeun, bongan inget bae ka nu teu puguh. Ka Bruyns en Thijsen. Nyampak babaturan keur marukaan album jeung kiekjes basa poe Minggu di Yzerman-park. Silih gonjak jeung silih poyok teu bisa dipotret: kerung, jebi, siga ngarenyohan jeung rea-rea deui. Misahkeun maneh diuk di juru. Dina meja aya A.I.D. ngagoler. Resep macaan kinder-rubriek-na jeung