Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

damespagina-na loba pulunganeunana. Breh aya advertentie leutik:

Gevr:
Een net Inl, kindermeisje
tegen kost en inw. en eenig zakgeld.
Aanmelden n.m. 5-7 Celebesstraat 9.

Ngagebeg. Ratug. Campuh jeung atoh. Teu geruh ka babaturan mah. Geus dicatet ngaran jalan jeung nomor imahna mah buru-buru bae indit, dadaku dicaram lila ku kostvrouw. Henteu balik, terus ka Celebesstraat bae harita keneh oge. Teu weleh ratug. Sieun teu ditampa. Tuan di kamar hareup. Ditampa ku nyonya darehdeh manis budi, teu jauh ti rupana, nya geulis nya ngora keneh.

Nyonya nitah gancang ngamimitian, tapi menta tempo rek bebeja heula ka kolot, jauh. Saenyana ngadagoan vacantie heula. Can kapikir bener kumaha kuduna. Ingetan kumaha behna!

Dina usum pakanci manehna lolosna teh. Pileuleuyan ka nu dianjrekan mah rek balik ka kolotna, bari sari humandeuar bieung bisa ka Bandung deui. Niatna rek ka lanceukna heula di Semarang. Rek meunang cenah saminggu mah.

Dina jungna nyebutkeun rek ka setatsion ”Satoh” ka nu ngabralkeun mah. Tapi tuluyna delman disina kebat ka Celebesstraat.

Dicatet manehna mimiti papanggih jeung kuring oge, di Insu-linde-park. Palebah kuring ngajanteng. Kuring mencrong. Kuring kedal nanya ka manehna: „Ngasuh Nyi?” Bari diimplik-implikan ku anggapanana ka kuring harita, sabrehan papanggih saliwat. Manahoreng kereteg angenna mah beda, nu kadeuleuna ku kuring ngabalieur miceun beungeut teh!

Waktu ngarontok kuring di alun-alun deuih. Sihoreng manehna mah lain reuwas kagebah ku gajah obah cara nu rea, tapi diudag soldadu mabok, dicatetkeunana teh.

Satengah mabok atawa mamabokan meureun. Jeung tangtuna oge lain diudag, tapi ditutur-tuturkeun. Cara kitu ilaharna kalakuan soldadu balangor nu sok ngagarimbung di sisi-sisi jalan rame. Pira-

63