ku teu gujrud enya teuing mah diudag soldadu mabok.
Nu ceplesna pisan mah palebah breh nenjo kuring. Gambar rasana bleg rasa kuring harita, barang breh nenjo manehna.
Tas meuli benang D.M.C. geuning manehna mah harita teh, ti toko ’De Zon.” Indit ngahaja ngadagoan burit, da ari beurang keneh mah sieun papanggih jeung babaturan cenah, urut batur sakola, sok kudu babalicetan.
Panjang deui catetanana, palebah nyorang panjangna peuting jeung kuring. Ku manehna mah disebutna oge, dina catetanana: „Peuting nu umyang teu beda jeung riak layung. Sihoreng ngawahan arek sareupna, reup angkeub satungkeb jagat ...”
Maksudna jol nepi kana mangsana diala ku uana nu diutus ku kolotna, dipaksa dibawa mulang. Sanggeus ngaleungit teu puguh ka mana losna, meh salapan bulan lilana pada neangan. Teu dituliskeun kumaha mimitina manehna kapanggih di dinya mah, ngan disebutkeun aya raratan lalanjang di Walanda.
Ari surat, barang blak oge sidik aksara manehna. Atawa lain aksara atuh, galindeng manehna. Cara nu kadenge ku kuring keur guntreng, pangpandeurina keur manehna ngababar lalakon Rama jeung Sinta.
”....ngahaja disanggakeun ka engkang, kangge nu sanes mah teu aya hartosna, pilakadar lontar, daun siwalan!
Lontar nu maturan abdi, nalika di rorompok nuju suwung teu aya sasaha. Lontar nu maturan abdi, nalika abdi dikantun ku engkang.
Duka kumaha, emut ka engkang dugi ka raos kokolebatan. Nu diilo ngadak-ngadak tingrariak. Terasna salin rupi jadi breh pameunteu engkang.
Nuju anteng abdi ngeunteung kana kalangkang pameunteu engkang, ngagebeg raos aya nu ngagebah, nguping sora nu ngetrokan panto teh. Teu kapalingan rasa, leres bae geuning engkang sumping.
Ku abdi dicirian lebah-lebahna nunda hanca, nalika abdi ngabujeng engkang sumping teh. Lebah Sri Rama nimbalan ngadamel pancaka, kangge labuhgeni Dewi Sinta....
Dupi dagboek, engkang, etang-etang saksi-mati, nu nyaksian