rembesna gerentes angen abdi ka engkang, nyakclak mangrupi seratan, catetan. Mangga nyanggakeun. Engkang nu kagungan. Nu sanes teu aya hak mibanda, terang oge teu kenging.
Engkang, dupi lalakon abdi mah teu tebih ti sangka tadi.
Pada nyebat hirup mulus abdi teh, pikabitaeun nu ngabandungan. Jadi pamujian sepuh-sepuh, disarebat “budak ngawaro ka kolot, henteu bedang-wangkelang cara ilaharna barvdak jaman ayeuna, mawa karep sorangan.”
Karaos aya leresna panyebat nu sanes kitu teh. Jalaran ti barang dikantun ku engkang oge, hirup abdi kumambang ka nu tumiba. Hirup tapakur, bari anteng ngeunteung kana kalangkang salira engkang. Disarengan ku teu kendat neneda ka nu Ngayuga, memeh dipundut umur teh mugi ditepangkeun heula sareng engkang. Teras kitu, dugi ka wuwuh lami wuwuh abot karaosna. Tungtungna abdi waleh boboleh, neda diwidian wangsul heula ka sepuh, etang-etang reureuh.
Kawitna sarupi anu kamanah pisanggem abdi kitu teh. Malah sapertos anu hawatos ningali kaayaan abdi salami tumut ka anjeunna. Sareng saleresna, dina emutan oge, maksad teh mung bade nyenghap sakedap, kangge manjangkeun lalakon, kumawula ka anjeunng.
Manawi teh leres bae kajurung ku kajembaran manahna. Namung barang saterasna anjeunna nyaurkeun: „Mending titirah ka Bandung, ngarah cageur mah!” .... ciosna abdi kawidian wangsul ka sepuh teh sanes kangge saheulaanan, namung kangge salalamina!
Ngaraos bingah henteu aya papadana. Gaduh angkeuh bakal tiasa ngaburu hirup, neraskeun angen-angen. Ku emutan tangtos engkang oge kitu, moal benten.
Eta margina, nu mawi kawitna bade enggal ngawartosan. Nanging barang dilenyepan langkung anteb, murengked deui emutan abdi kitu teh. Pangpangna saparantos ngawitan abdi pangling ka diri!
Engkang, ku sepuh dirawu-dipangku abdi teh. Kadeudeuhna raos sababaraha tikeleun kapungkur, sateu-acanna abdi gaduh Salaki. Hawatoseun, ningali abdi anu sakitu didama-damana, ke-