Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nging cocobi sarupi kitu. Kawuwuh rupina ayeuna mah parantos kajugjugan, kasatuhuan abdi ka aranjeunna teh. Abdi anu sakitu pageuhna nyangreudkeun katineung ka engkang, teu wantun wangkelang. Teu werat ari dugi ka matak rengat manah sepuh mah. Jalaran kaemut, upami matak jaheut manahna, kana moal jamuga!

Ahir-ahir ayeuna kieu jadina, kenging kumambang kana kersa sepuh teh. Sanes lepat aranjeunna, tariking milik diri abdi bae ieu mah.

Sanaos kitu, aranjeunna sapertos nu ngaraos rumaos lepat. Atanapi hanjakal. Anu mawi kana saniskanten ngajurung ka abdi teh terasna mah. Sarupi nu palay nebus kahanjakalan.

Pangpayunna aranjeunna ngajurung abdi enggal nyeratan ka engkang, nguningakeun perkawis abdi bari nyanggakeun salam baktos aranjeunna, saurna.

Kahartos ku abdi oge. Rupina palay kagiliran aranjeunna nganteur karep abdi, sapertos abdi ngiringan kana kapalay aranjeunna kapungkur. Mung ku abdi diwagel, ringkes bae nyanggem teh: isin!

Geura mangga ku engkang manahan:

Sepuh rempeg keneh abdi teh. Wargi nya kitu. Kanyaahna ka abdi langkung ti kapungkur-kapungkur. Malah pun ua mah aya tambihna. Kantos masinikeun abdi dugi ka padungdengan sareng pun bapa, nalika anjeunna, pun ua, nempuhkeun perkawis abdi, ngalepatkeun pun bapa.

Nanging karaosna ku abdi teu weleh tumamu ayeuna mah aya di sepuh teh. Dibanding sareng sateu-acanna nyorang misah, lir bumi sareng langit.

Padahal kaayaan angger keneh. Sanggan henteu robah. Pakaragan henteu benten. Rorompok nya kitu keneh. Malah kamar nu dieusian ayeuna, tilas abdi kapungkur, kitu-kitu keneh. Katut paparabotanana teu acan aya nu robah.

Nembe ras abdi emut ka tangtung kujur. Rumaos abdi nu pindah alam. Sanes abdi kapungkur deui, nu anteng nganteng dina manah engkang, nanging abdi nu parantos jadi bangkarak ayeuna mah!

66