leu sadayana ku abdi ditetelakeun ka aranjeunna Ka pun biang pangpangna.
Sanggem abdi, upami engkang tingali abdi teu gaduh salaki, tangtos engkang palay nyacapkeun kapanasaran. Dina kituna tangtos engkang moal tebih-tebih ngagalih ayeuna mah, asal katambang beas.
leu nu diangge kapaur teh. Inggis alah batan maut hinis. Lewang ku pibalukareunana, tangtos abdi nu katempuhan. Jalaran keukeuh abdi mah aya kasebatna, tilas!
Engkang, pantes Sri Rama mah bade henteu waswas oge ngaduruk Dewi Sinta teh. Jalaran parantos waspada kana kasucianana moal teurak diduruk. Kawuwuh aya anu mananggel kana kasucian Putri Mantili mah, Batara Indra.
Moal aya nu mananggel ka abdi mah, engkang. Dalah abdi pisan oge teu wantun, jalaran rumaos jadi rarapen, runtah pangepahan!
Jarian pitempateunana abdi mah, sanes engkang nu mulus malang-mulintang!
Lami abdi wayang-wuyungan, bade dugi ka gilig kieu teh. Raga waruga abdi saksina, nu ayeuna nombro kalah-wowotan, teu kiateun nandanganana.
Parantos kacela ku Balian Usada, udur abdi mung engkang pilandongeunana. Eta margina, nu mawi pun bapa kantos sa- babaraha kali bade ngahaturanan engkang supados sumping, nanging ku abdi diwagel satungtung emut mah... .”
TAMAT