F.
FKS pondokna tina Frobelkweekschool, sakola guru taman kanak-kanak, SGTK mun ayeuna mah.
G.
Gedong Pajambon, sok dipake sesebutan ka Volksraad, Dewan Rayat (Dewan Perwakilan Rayat), pedah gedongna di Pajambon atawa Pejambon, Jakarta, nu ayeuna jadi gedong Departemen Luar Negri.
God zegene U = muga-muga Pangeran nangtayungan anjeun. graad, derajat.
H.
HBS pondokna tina Hogere Burgerschool, Sakola Menengah Atas.
HIS pondokna tina Hollands Inlandsche School, Sakola Rayat tujuh taun nu make basa Walanda.
Homann, ngaran urang Itali nu nyieun (boga) Hotel Homann.
I.
Insulinde-park, kungsi ganti ngaran jadi Taman Nusantara, ayeuna Taman Lalu Lintas.
J.
”Java Bode’’, koran (harian) basa Walanda di Batawi (Jakarta).
K.
Ketapang, hahanjatan nu meuntas ti Bali (Gilimanuk) ka Jawa (Banyuwangi).
kinderjuffrouw, pamudi purah ngasuh (ngatik budak leutik).
kinderrubriek, rubrik atawa kolom bacaeun barudak, dina koran.
kiekjes, potret, ditelahkeun ka ngaran mahasiswa tukang motret di Universitas Leiden (nagara Walanda).
kom vlugger! = geuwat!
kostvrouw, nu diindekosan, awewena, lalakina biasa disebut kostbaas.