Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nehna, -da Haji Tayib mah taya petana boga duit f 5000, jeung di bogana oge moal enya make dipihapekeun-tapi Ujang Kusen teu bisa unjukan naon-naon, cicing bae, kawantu tara tutur papaduan.

Poe harita manehna teu kaburu kaerol, tina lobana perkara, tuluy dikabuikeun deui.

Isukna Ujang Kusen dibawa deui ti bui, baris dierol ku Kangjeng Tuan Assistent. Barang geus beres papariksaanana, dawuhan Tuan Assistent Kusen kududitahan di bui, baris dipariksa ku Radsambang.

Meunang tilu bulan Ujang Kusen ditahanna di bui, tidinya kakara sumping Radsambang ti Batawi. Tuluy Ujang Kusen dipariksa. Tina teu aya pisan ukal-ekolna, putusan Radsambang manehna meunang hukum buang tilu taun. Tuluy di kabuikeun deui, ngadagoan pones ti Batawi. Teu sabaraha lilana pones datang. Dina poe Senen tanggal 13 April 1873 Ujang Kusen dibawa ka babancong pasar jeung baturna anu pada meunang hukum buang rek diembarkeun hukumanana ka abdi-abdi. Kitu aturan jaman harita. Sajajalan ngagimbung jelema nu maregat rek lalajo Ujang Kusen. Upas-upas jeung pulisi nu sejen, anu nganteurkeun ka babancong teu kira-kira sarantosana dangdanna, bisi aya anu ngamuk, sakitanana atawa barayana.

Barang datang ka dinya geus nyampak jelema pirang-pirang nu rek lalajo jeung menak-menak di babancong. Pones Ujang Kusen diaos ku Kangjeng Tuan Assistent yen manehna dihukum buang tilu taun di Surabaya, tuluy didawuhkeun ka jinisna jeung ka nu lalajo, supaya pada nyarahoeun. Geus kitu Ujang Kusen dikongkorongan beusi. Buangan-buangan anu sejen oge nya kitu. Barang geus anggeus tuluy di kabaruikeun deui.

Isukna tanggal 14 April Ujang Kusen jeung buangan anu sejen diinditkeun ti bui dianteurkeun ku upas anu baku purah nganteurkeun buangan, jalanna ka Batawi.

Caturkeun kolot-kolotna Ujang Kusen jeung dulur-dulurna reang careurik, kawas nyeungceurikan mayit bae, tapi teu aya

102