Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nu manggihan, sabab sarerea pada watir. Baraya-barayana rabul maranggihan ka kolotna bae, tanda milu prihatin, ari neang ka jinisna mah taya nu wani.

Kanyerianana indung Ujang Kusen ku sarerea geus tangtu kama'lum, jeung anak anu sakitu diasihna harita kudu papisah tilu tahun, tur sakitu jauhna. Leuheung meueus lamun aya umurna mun pondok mah meureun moal papanggih deui.

Tuan Haji Samsudin oge harita mah geus teu kuat, kawantu amarah geus leler, ngan bati kaduhungna bae, asup kana paribasa neukteuk curuk dina pingping. Ngan awahing ku kolot jeung lalaki bae henteu nepi ka ceurik teh, dina hatena mah geus teu aya papadana. Gawena tapakur di tajug, nedakeun Ujang Kusen masing panjang umurna sarta salamet dipangbuangan, sing bisa nepi ka balik deui.

Kitu tungtungna jelema nu ngalajur napsu, matak sangsara kana diri, nyusahkeun ka kolot-kolot.

Aya tuluyna.



103