Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bae sakedap mah, supaya di nyai ulah jadi kasawat, di ditu pon nya kitu. Permios bae ka raka sawengi mah atawa dua wengi, haturkeun ibu teu damang, kituh. Atawa sareng raka oge ka ditu teu naon-naon, da jelema mah moal kahelokan akal. Jeung deui kapan eta teh putra menak, ana dibere nyeri ati ku urang bisi matak kuma onam, sing nyaah kana salira."

Walon Nyi Piah, "Nya eta, akang, yaktosna mah kuring teh geus tetekadan, tina awahing ku bingung. Cicing bae di dieu teu betah, ari diajak balik Kang Kusen teu daekeun. Tungtungna kuring mah tina kieu-kieu teuing rek minggat bae, pegat nya pegat jeung Kang Kusen, da kumaha atuh ari teu betah."

"Is atuh ari kitu mah nyai langkung sae. Upama nyai maksakeun maneh calik di dieu, engke matak ruksak salira matak kagegeringan. Wondening diserahkeun ku raka, keun bae , da anom keneh, Aom oge moal burung keresaeun mihukum ka nyai. Bari cek akang mah mending carogean ka Aom, itu mah putra menak. Sugan bae aya darajat nyai nepi ka bisa jadi Nyi Wadana atawa Nyi Patih. Najan henteu oge, ari ka menak mah ngalap berekahna jeung ngawulakeun sepuh-sepuh, supaya bisa rada ka tengah; sahenteuna, kawantu itu mah turunan nu kagungan nagara. Sumawonna lamun nyai nepi ka kagungan putra, estu pijimateun kabina-bina, anu baris ngauban ngahibaran ka baraya-baraya urang."

Omongan si Abdullah kitu, kabeh asup kana pikir Nyi Rapiah. Tuluy manehna ngomong, pokna, "Ah, mangga bae ayeuna mah, kang, kuring milu, urang minggat bae, meungpeung kang Kusen lila keneh ka pidatangeun. Keun bae, kumaha behna bae."

Cek si Abdullah, "Sae, da akang kapan per mawa. Mangga ayeuna urang buru-buru."

"Mangga, engke kuring rek dangdan heula."

"Misnah, ka dieukeun eta sangu teh haturan akang bawa sina tuang."

Tuluy Nyi Piah dangdan, entep-entep, tapi anu dibawa teh ngan papakean jeung emas inten bae, dipetian dua peti. Lan-

107