Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kuring nepi ka pimanggiheun sangsara sakitu. Hadena bae teu di hakan maung di jalan".

Walon Haji Samsudin, "Na ku naon anu matak minggat teh?"
"Poknamah teu betah; ari ngajak balik teu diturut."
"Hih, eta mah bongan sorangan, lain disangsara ku salaki."
"Enya, na ari budak teu betah kumaha? Na kumaha lamun nepi ka kagegeringan, lain matak susah sarerea. Benerna jeung pamajikan mah kudu silih ayunkeun. Ari balangsiar tea di dieu ge moal kurang pijalaneun.
"Keun bae Piah, isukan urang ala si Kusen, urang sina pindah deui ka dieu. Hayu bae ayeuna mah urang balik ka Ama, di ditu ngadagoan salaki."
Nyi Rapiah teu ngawalonan, sesegruk ceurik bae.
Cek Haji Abdulraup, "Sawengi ieu mah, kang, neda permios sina di dieu bae, kuring jeung dulur-dulurna sarono."
"Sae sawengi ieu mah, tapi isukan kudu ka ditu, sareng Nyai bae, anteurkeun, karana akang teu mananggung, sieun si Kusen nyalahkeun ka akang."
"Mangga isukan ku kuring dianteurkeun."
Harita tuan Haji Samsudin jeung pamajikanana teu lila di dinyana, teu kungsi ngopi-ngopi acan, pokna keur aya nu perelu tuluy mulang bae.
Isukna nepi ka beurang deui Nyi Rapiah teu datang bae ka imah mitohana. Tuluy dititah dipapagkeun. Tapi ku indungna teu dibikeun, malah make ngabijilkeun omong kasar.
Cek Haji Samsudin, "Kajeun teuing ari teu dibikeun mah, mangsa bodo,"

X

Kocapkeun di lembur Sekeawi, dina poean Nyi Rapiah ming

115