Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bojo nepi ka boga pikir kitu, ngabarubahkeun manah sepuh, ngawiwirang salaki,"

Cek Nyi Haji, "Nya kitu ari kasalahan mah sok dileunteuhkeun ka awewe. Ari kahayang Ema lain kitu, ari jeung pamajikan kudu silih anteur, da Nyi Piah teh lain jelema kabeuli; kapan geus ngomong henteu betah, ngajak balik, naha lain diturutkeun? Da moal hade jelema kudu nepi ka kagegeringan mah."

"Sumuhun, ema, eta oge ku kuring lain henteu rek diturutkeun, ngan kudu aya tempo bae heula, kapan duit geus di luar kabeh, anu buleudna wungkul f 500. Lamun ditinggalkeun atuh meureun lapur, moal kapuluk deui. Geura lamun ngajak pindah geus beres gawe, mah moal enya nepi ka teu diturutkeun.

Ayeuna ari keukeuhkeukeuh teuing mah ngajak pindah, cara kuring mah nurutkeun bae, balik deui ka dayeuh, nya balik deui. Tadina oge pangkuring turun gunung unggah gunung, teu aya nu dibelakeun ngan pamajikan."

Nyi Rapiah nambalang ti jero pangkeng, pokna, "Wah kadongdora rek nurutkeun soteh ayeuna. Ayeuna mah geus kapalang, kieu enggeus. Anggur menta diberesan bae."

Walon Ujang Kusen, "Engke, anu matak menta diberesan teh naon dosa akang? Kapan ngajak pindah ku akang rek diturutkeun,"

Teu aya dosa naon-naon, ngan kami bae geus teu suka. Naha anu teu suka rek dipaksa bae?".

"Dipaksa onaman moal, ngan kudu bener jalanna, kudu kaharti sababna. Ari ieu jalanna geus nusud, awewe bijil ti imah, kari-kari ayeuna menta diserahkeun; moal !"

"Wah, kajeun teuing masing dikungkung teu diawur, dicang-cang teu diparaban oge; nuturkeun deui tea moal, Kumaha ari teu suka."

"Kuma' dinya ari kitu mah."

Gejlig bae Ujang Kusen turun teu amit-amit acan.

120