Urut anu sakitu soson-sosonna kana gawe, ari geus datang kasakit eta mah les bae musna, sabab pikirna, keur naon tisusut-tidungdung oge, teu aya nu dibelakeun.
Sameureun cek omong kolot: awewe teh mahala mahayu. Mahalana ari geus kitu, mahayuna lamun runtut raut tea. Mana kolot mah ari rek boga pamajikan tara kajurung ku napsu, tara kabawa ku sakaba-kaba, dibeakkeun heula pamilih, bisi goreng balukarna, tara gawok dumeh denok, tara gancang dumeh lenjang.
Pagawean Ujang Kusen lolobana dipercayakeun ka batur-baturna bae, da manehna mah, teu kaur balas huleng jentul, ngadaweung ngabangbang areuy. Tapi manan jadi tamba mah, didaweungkeun anggur tanmbah beuki nineung, dihulengkeun nambahan beuki baluweng. Upama pareng balik ka lembur, sok mawa kekembangan nu aralus, kembang tatangkalan leuweung, pikirna keur ngirim Nyi Piah, sugan geus nyampak aya di imah. Tapi ari datang sidik euweuh, tuluy kembang dirungrungan diceungceurikan. Ari karesep ngan hahariringan, kakawihan; mun keur mandi tara anggeus ku sajam, da diselang ku ngahariring.
Batur-baturna sumawonna lanceukna melangeun pisan nenjo peta jeung rupa Ujang Kusen, panon geus hurapok, ingetanana geus loba owahna. Ari aturan tea mah nya uyuhan sakitu oge, henteu jol-jol gerebeg edan, pegat jeung awewe anu sakitu geulisna, turug-turug jelema leumpeuh yuni.
Tuluy lanceuk Ujang Kusen nitahan jelema ka dayeuh, pupulih ka kolotna, mupulihkeun lalampahan adina.
Teu kirakira tuan Haji Samsudin reuwaseunana, sumawonna Nyi Hajina. Tuluy Haji Samsudin ku maneh ka Sekeawi. Kasampak teh, enya matak ngahelas pisan.
Cek tuan Haji, "Kusen, ayeuna urang balik bae ka dayeuh. Perkara modal anu f 500, sumawonna geus datang deui sawareh, najan kabeh teu kapuluk, keun bae montong jadi pikir,, da pimodaleun mah loba keneh. Kebon kopi jeung barang selehkeun bae ka lanceuk maneh, sina diurus."
122