Ujang Kusen tuluy pindah deui ka dayeuh, dibawa ku bapana.
Barayana awewe lalaki loba anu maranggihan. Kabeh ngahelas atina nenjo rupa Ujang Kusen sakitu ruksakna, tuluy pada ngarupahan. Cek sawareh, "Sing sabar, adatna lalaki mah ari meunang kanyeri nya ti awewe". Cek sawareh deui, "Nyeri ku awewe, ubarna kudu ku awewe deui. Ayeuna mah geura nyiar deui bae anu geulis pipamajikaneun."
Maksudna Ujang Kusen oge nya kitu, rek boga deui pamajikan. Tapi ka mana atuh nyiar awewe anu rupana cara Nyi Rapiah. Cek pikiranana harita mah: najan di sakolong langit neangan awewe anu rupana cara Nyi Rapiah, asa moal manggih, sumnawonna bangsa pasar, najan menak oge moal aya anu nanding.
Tapi eta pikiran saenyana kasasar. Di alamn dunya tara aya anu punjul pisan nepi ka sampurnana. Najan awewe sakumaha geulisna oge, sok aya bae nu ngelehkeun. Jeung deui Ujang Kusen teu nyahoeun, samarukan ari bogoh ka awewe teh taya bosenna, kaedanan ku awewe tara aya cageurna. Di dunya mah kabeh oge tara aya nu langgeng; bogoh sok aya bosenna, susah sok aya cageurna, suka sok aya beakna, ambek sok aya lelerna.
Pikir Ujang Kusen harita aya oge copongna, kawantu loba nu ngabeberah, loba eukeur ngabangbrangkeun. Ngan kasuatna teh ku enggon urut panganten jeung lamun nenjo imah Nyi Rapiah. Ku sabab eta manehna teu daek mondok di enggon bareto, nyieun deui bae enggon anyar di pangkeng tepas, jeung ana nyaba tara ngaliwat ka lebah imah Nyi Piah.
Sanajan pikirna geus rada paler, tapi aya keneh bae pangarep-ngarepna mah, sugan Nyi Piah aya keneh arang-iringna. Manehna mindeng nitah ngolongan, tapi Nyi Piah jongjon heuras bae, malah remen nitahan menta talak. Ari Ujang Kusen keukeuh moal nyerahkeun.
Beuki lila pipisahanana, beuki loba nu nyarita ka Ujang Kusen, nyaritakeun lalampahanana Nyi Rapiah, pajar sok tepungan jeung Aom Usman atawa jeung lalaki sejen. Liwat saking Ujang
123