Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kusen panas atina, asa diduruk bae. Mindeng ku manehna diintip-intip, tapi weleh teu kapelenggok.

Cek pikiran Ujang Kusen, "Taya deui piakaleunana pikeun ngubaran kapanas, lian ti kudu boga deui pamajikan." Ti dinya pruk kawin ka awewe beunang meting. Tapi ari neangan nu cara Nyi Rapiah mah da puguh hese. Atuh palerna teh ka Nyi Rapiah ngan satungtung keur panganten. Geus lila meueusan, tuluy jadi bosen bae, cara jalma nu keur kacida lapar, tuluy capek rahem; ari top teh henteu ngeunah, da karageun. Tungtungna pamajikanana teh cul bae diserahkeun.

Ka Ujang Kusen teh – dasar boga rupa tegep jeung anak anu beunghar katambah jeung ningkah, kawantu jalma keur panas ati ku pamajikan – loba pisan anu bogoh, geus puguh bangsana, menak oge loba anu heroy. Tina rasa maneh loba nu hayang tung-tungna Ujang Kusen matak handeueul kacida adatna jadi jalir, lampahna nu hade jadi udar, urut nu resep balantik, ayeuna mah jadi jalma panglacuran, cruk-crek kawin, jaba ngenca ngatuhuna. Ka pamajikan teu kaop sewot saeutik, tuluy bae tatalakan; popotongan rantab di unggal lembur. Ayeuna mah lacurna teh lain keur ngubaran pikir, estu jadi katumanan. Sameureun cek saur sepuh, lampah goreng ulah sok dipirucaan, matak jadi kangeunahan; ana geus matuh ngabaju, hese dipukahna deui, manan ucul anggur muntel, ditongtak kalah tibebek, mun dipaksa dieureunan manan cageur anggur sok jadi kasakit.

Luang lumbrah nu lacur teh sok dibarung jeung resep kana ngadu; asalna mah sok kabawakeun ku kabogoh, tapi lila-lila sok tuluy resep sorangan. Nya kitu deui Ujang Kusen, estu nya kitu pisan, asal lacur jadi bogoh kana ngadu. Urut jalma lungguh timpuh, percit daek balantik, ayeuna mah jadi murag bulu bitis, teu beunang dideuleu beungeut, kana banda teu aya pisan kalebar, lacur ogor, ngadu osog.

Ku sarerea tangtu kaharti lampah kitu kudu gede pisan modalna. Ujang Kusen oge nya kitu, banda bapana geus orot, dibo-

124