Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

silitoel jeung baturna, nenjo polah Nyi Rapiah. Atuh manehna teh teu kira-kira bae tampi raosna jeung erana, mani geus teu puguh polah, beungeut beureum, ceuli euceuy kawas beunang ngagisik awahing ku ambek. Nu geulis ge ari keur kitu mah jadi goreng patut. Ngomong di jero atina,

”Naha jelema karurang ajar teuing, nepi ka aing dideugdeug, kawas lalaji wayang ewong bae; lamun teu isin, meureun disurilam.”

Juragan Demang mariksa ka Aom Usman, ”Nyeri naon, Ujang?”.

Piunjuk putrana, ”Panastiris sareng salesma, nanging ayeuna mah parantos senang; enjing oge bade ka kantor.”

”Sukur! Panyana ibu gering payah. Ari boga kasakit kudu bebeja, ambeh geuwat diubaran, ulah sok diantep, karana ari geus nyayang mah kasakit teh sok hese dileungitkeunana. Lamun awak geringan, matak tara ujur ngurus gawe. Sukur ari geus senang mah.”

Soca Juragan Demang teu petot-petot ningali ka Nyi Rapiah, estu dipureleng, tapi bari api-api bae, ditingali tina embun-embunanana nepi kana indung sukuna. Sasauran di jero manahna, ”Pantes bae si ujang mah bogoh ka si Piah da puguh rupana mah hade, tapi ari kolot mah dimana pidoaeun, nenjo rengkakna sakitu dusunna, lain asorkeuneun ka hareup; nu kitu mah ngan keur pikabogoheun bae, lain keur pipamajikaneun.”

Juragan Demang istri teh liwat saking teu doana, sumawonna ngadangu jeung ningali tingkaruwesna rencang-rencangna semu anu teu panuju, mani asa direrab rarayna. Teu lila tuluy mulih bae.

Kacaritakeun sanggeus kira-kira sabulan lilana ti mentas teu damang, Aom Usman disaur ku ramana ka bumina. Tuluy Aom ngadeuheusan. Kasondong ramana sareng ibuna keur lalinggih di panglinggihan, teu aya nu ngadeuheusan, ngan paduduaan bae, kawas aya nu keur digendu raoskeun perkara rasiah. Barang Aom katingali ku ibuna, tuluy disaur, saurna, ”Ka dieu Ujang, ieu di

129