jadina, ngiringan kana kersa gamparan bae; ari masih keneh dilumayankeun mah, najan dongkap ka pegat nyawa, abdi teu seja bengkok sembah."
"Sukur ari kitu mah, tapi kami aya deui pamenta. Kersana Mama ieu imah kudu dieusian ku itu, sabab erweuh deui anu pantes, lian ti ieu. Upama teu dipernahkeun di dieu, tangtu Mama ngaraos lingsem ku besan jeung ku tuan-tuan. Ari maneh ku Mama dipangdamelkeun deui imah disapungkureun lebet, malah ayeuna oge geus anggeus. Kumaha daek?"
Ku sabab Nyi Piah tadina ge geus meunang beja, yen keur dipangnyieunkeun imah, jadi teu kaget ngadenge saur Aom kitu teh. Omongna, "ls, eta mah piunjuk abdi oge tadi, sadayadaya teu ngalalangkungan gamparan, sumawonten diimahan, dalah diteundeun di kolong atanapi di jarian oge, abdi mah taya kumaha, dapon sareng gamparan."
Aom Usman liwat saking suka manahna ngadangu piunjukna Nyi Rapiah, tuluy dirangkul, digalentor dikalemoh diciuman.
Gancanging carita teu sakumaha lilana ti mentas Aom wakca ka Nyi Piah tea, tuluy Nyi Piah dipindahkeun ka imah leutik dipungkureun kabupaten, tapi leutik oge tegep, paparabotan sadia, estu dibeuli-beuli kacida, bisi ngejat atawa boga laku goreng Tatapi sanajan kitu oge bubuhan dunya, ati Nyi Piah teu burung kahuruan, da jelema mah teu kaop turun harkat, sumawonna mun dirurud pisan, gampang naker kana ngarasula, aral subahana teh, tara inget yen jalıma mah sabeuleugeunjeur jeung taya pangawasana, lir upama langlayangan pegat tali, kumoleang kumolentang, ragrag di mana nyangsangna, nurutkeun panebak angin, sanajan boga usaha ihtiar, taya kakuatanana.
Bumi Aom Usman urut Nyi Piah tea geus diomean dialusan ditetebahan keur nyadiakeun Agan Sariningrat, paparabotan singsarewa alus sarta warareuteuh kabeh.
Barang nepi kana waktu anu geus ditangtukeun, jung Juragan Demang istri pameget jengkar ka nagara pibesaneun tea, ngajajap
136