pada pameget. Baki-baki diasorkeun ka payun, ka payuneun tuan Haji jeung nyi Haji.
Tidinya burudul awewe-awewe ti jero, ngasorkeun wadah lemareun jeung tempat ludah ka istri-istri tatamu jeung wadah roko ka pameget-pameget.
Sanggeus reureuh palay, pepes kesang, pok Ibu Haji Banisah
sasauran, "Tuan Haji, kuring teh pangdongkap ka dieu, dijurung ku tuang raka, tuan Haji Samsudin, ngahaturkeun ieu kagegelan, tawis ngiring bingah, rehing bade nepangkeun putera tea, Ujang Kusen, ka tuang putra Nyai Rapiah. Ieu anu sabaki f 250,—
keur mayar maskawinna, ari ieu nu sabaki deui f 150.— ngiring hajat. Jabi ti eta ieu anu opat baki panganggo keur putra, Nyai Rapiah, sareng aya oge sipat emas inten sagede beunyeur, tamba
pamali, estu lumayan pisan.
Walon Haji Abdul Raup, "Beu, atuh eta mah lain lumayan! Ari satadina maksud kuring montong popoharaan kitu, da lain jeung deungeun-deungeun, urang kernalah bae, cek kolot tea mah “montong ngadukeun kabeungharan.” Ari kang Haji bet ngajak saenyana.”
Cek Haji Banisah, "Ih, sanes kitu, eta mah awahing ku beak nya kadoa bae, nawiskeun suka ati.”
Cek Nyi Haji Abdul Raup, "Nuhun, aceuk, nuhun, kang Haji aya manahna asih ka pun anak; mugi-mugi bae masing lulus mulus, kolot-kolot masing ngeunah nenjo, ngeunah ngadenge."
Walon Haji Banisah, "Sumuhun, Nyai Haji, ku aceuk didoakeun masing runtut raut, hejo-lembok panjang carita, jauh balai parek rejeki, reuay putra. Iraha tea Mmangsana anu bade di-
pimanah teh?”
Jawab Haji Abdul Raup, "Manawi karempagan urang tanggal 17 bae sasih payun, margi saperkawis kuring tacan sayagi, kadua ngeunahna di dinya, kenging naros ti Kiai Bojong!"
Cek Haji Banisah, "Yaktos raos di dinya teh. Mangga urang carioskeun bae ka tuang raka; emutan kuring moal datang ka teu cocog.”