Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sapeuting, kawantu istri berbudi, uninga kana hakna awewe yen wenang dipangnyandungkeun, turug-turug saenyana anjeunna mah jadi nu anom, jadi salah kacida lamun teu ngidinan kilir teh.

Ayeuna urang tunda carita Nyi Rapiah anu keur sue, urang malikan deui carita Ujang Kusen.

Lampahna Ujang Kusen anu goreng tea, lacur ka awewe jeung kana ngadu, beuki kadalon-dalon bae, sabab jadi kapatuh. Banda bapana geus rosa pisan anu diruksak kalawan akal jahat: ngajualan pare, kuda, sapi, munding teu kalawan paidin kolotna. Geus puguh malingan duit jeung barang emas inten ti imah mah, geus taya wiwilanganana. Nasehat bapana geus teu aya nu teurak: disabaran noyod, dibengisan hahajaan. Tungtungna bapana nepi ka saksakan, embung ngaku deui anak, tuluy dibuburak teu meunang nete-nete deui ka imah. Ka padagang-padagangna jeung ka nu dikawasakeun nyekel raja kaya Haji Samsudin diuarkeun, yen ulah daek kadatangan Ujang Kusen, sumawonna wani barang-bikeun. Saha-saha anu wani, manehna sorangan anu baris dikelak.

Ku sabab eta atuh Ujang Kusen teh geus cara daun palid di walungan bae, teu puguh nyangsangna. Papakeanana kucel, awakna ruksak, barang dahar sakasampeurna, kawantu teu aya nu ngurus. Ana geus bujigjrig kitu mah manahoreng awewe ge bet teu daraekeun.

Pareng dina hiji poe manehna meunang carita, yen Haji Samsudin jeung anak bojona budal ka sawah rek nyalin jeung rek ngadon macangkerema. Tuluy Ujang Kusen ka imahna. Barang datang ka dinya, enya nyampak di imahna teh jempe; anu tunggu ngan masih lanceukna awewe randa - teu milu dumeh keur udur - jeung batur-baturna awewe lalaki. Barang lanceukna nenjo Ujang Kusen sakitu ruksakna, mani ngahelas atina, bubuhan ka dulur, buruk-buruk papan jati, tuluy dibere dahar leueut.

Sanggeus kitu pok Ujang Kusen ngomong ka dulurna, ”Aceuk, kuring teh moal kapalang nya jahat, ku bapa geus teu diaku anak, awak sakieu ruksakna. Ayeuna kuring rek maling duit tina peti beusi, moal loba-loba, ngan keur samodaleun bae; kuring rek diajar dagang, tapi rek di pangumbaraan.”

138