babancong pasar jeung baturna anu pada meunang hukum buang rek diembarkeun hukumanana ka abdi-abdi. Kitu aturan jaman harita. Sajajalan ngagimbung jelema nu maregat rek lalajo Ujang Kusen. Upas-upas jeung pulisi nu sejen, anu nganteurkeun ka babancong teu kira-kira sarantosana dangdanan, bisi aya anu ngamuk, sakitanana atawa barayana.
Barang datang ka dinya geus nyampak jelema pirang-pirang nu trek lalajo jeung menak-menak di babancong. Pones Ujang Kusen diaos ku kangjeng Tuan Assistent yen manehna dihukum buang tilu taun di Surabaya, tuluy didawuhkeun ka jinisna jeung kanu lalajo, supaya pada nyarahoeun. Geus kitu Ujang Kusen dikongkorongan beusi, buangan-buangan anu sejen oge nya kitu. Barang geus anggeus tuluy di kabaruikeun deui.
Isukna tanggal 14 April Ujang Kusen jeung buangan anu sejen diinditkeun ti bui dianteurkeun ku upas anu baku purah nganteurkeun buangan, jalanna ka Batawi.
Caturkeun kolot-kolotna Ujang Kusen jeung dulur-dulurna reang careurik, kawas nyeungceurikan mayit bae, tapi teu aya nu manggihan, sabab sarerea pada watir. Baraya-barayana rabul maranggihan ka kolotna bae, tanda milu prihatin, ari neang ka jinisna mah taya nu wani.
Kanyerianana indung Ujang Kusen ku sarerea geus tangtu kamalum, jeung anak anu sakitu diasihna harita kudu papisah tilu tahun, tur sakitu jauhna. Leuheung meueus lamun aya umurna mun pondok mah meureun moal papanggih deui.
Tuan Haji Samsudin oge harita mah geus teu kuat, kawantu amarah geus leler, ngan bati kaduhungna bae, asup kana paribasa neukteuk curuk dina pingping. Ngan awahing ku kolot jeung lalaki bae henteu nepi ka ceurik teh, dina hatena mah geus teu aya papadana. Gawena tapakur di tajug, nedakeun Ujang Kusen masing panjang umurna sarta salamet dipangbuangan, ‘sing bisa nepi ka balik deui.