Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Aom Usman gumujeng nyakakak, tuluy ngadawuh, ”Cing Ee atuh ala si Abdullah urang pentaan tulung.”

Hiji gandek didawuhan nyaur si Abdullah. Tuluy indit gadag- gidig. Teu sabaraha lilana si Abdullah datang, diiringkeun ku gandek. Ti kajauhan keneh ku Aom Usman geus digentraan. Tuluy manehna unggah, cedok nyembah, gek sila.

Dawuhan Aom, ”Abdullah, silaing pangdiala teh ku dewek rek dipentaan tulung. Dewek teh ku hayang ka Nyi Rapiah pasar tea. Akalna mah kumaha silaing bae. Lamun nepi ka bisa beunang, rasakeun bae pamales dewek ka silaing.”

Si Abdullah ngahuleng kawas nu mikir jero kacida, curukna a diacungkeun, diadekkeun kana tarang bari kerung. Teu lila pok unjukkan, "Ah, gampil, engke bae dina nalika ngunduh mantu urang paling, da aycuna teh bade dikawinkeun ka pun Kusen, Dupi ka rorompokna pun Haji Abdul Raup' mah jisim abdi teu wantun asup bengis teuing; kakara lol oge, geus haok, ’’Rek naon etah? Ulah ka dieu!”

Saur Aom Usman bari gumujeng, ’’Sugan geus mashur silaing purah ngadu-ngadu awewe.”’

Sumuhun timbalan, da di pasar mah teu aya deui, nu purah jadi panglayar teh, ngan abdi.”’

”Heug ayeuna mah geura balik bae; engke dimana geus deukeut urang badami deui.”

"Sumuhun timbalan. Tigas dawuh.”

”Heug.”

Tuluy si Abdullah balik.

Ari Aom Usman peuting harita teu angkat-angkatan, calik bae di bumi, sabab rada teu raos salira. Rencang-rencangna ameng diandeg nepi ka peuting, cara sasari bae. Ari petana ti pukul tujuh nabeuh gamelan nepi ka usum tuang. Ger tuang ngariung jeung bangsa menak-menakna, ari seredanana dipaparinkeun ka gandek-gandek.

18