Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

raksukan potongan bodas disinjang sutra, ditarumpah bordel buatan Cianjur, mendung dipayung bawat hideung bari ngajing-jing samping sabeulah, nembongkeun calana pangsi.

Teu kungsi pukul sapuluh panganten geus datang deui, nyampak di imah geus pinuh ku nu rek ngariung nyangareupan idangan. Sakur anu ngiring ka masigit dicalikkeun dina enggon nu kosong keneh. Ari panganten mah disina cucul bae, henteu disina ngariung.

Sanggeus kiai ngadoa, jung Haji Abubakar nangtung lebah panto sarta ngomong bedas, pokna, ”Hatur uninga ka sakur anu calik di dieu, kadang wargi sareng sobat-sobat, jisim kuring kawakilan ku nu gaduh karia, wirehing aya pakaulanana, upami si Nyai dongkap ka pastina dijodokeun, hayang nganggo helaran engke tabuh opat, ku tina kaasihan ka putra. Kumargi eta disuhunkeun ka sadayana, mugi-mugi aya manah kernalah nyarengan iring-iringan, engke ti tabuh dua diantos pisan. Ari ayeuna mangga nyanggakeun geura taruang saaya-aya.”

Tidinya brak dalahar; sawareh mah pontrang jeung idangan teh tuluy dibuntel bae ku carecet, henteu didahar. Sanggeus tarapti ondangan tuluy marulang pada ngajingjing berekat. Haji Abdul Raup nangtung di lawang, megat anu rek marulang, sasalaman bari neda pangampura. Tanji teu repeh ngahormat ondangan nu bubar.

Caturkeun sanggeus pukul dua, panganten awewe-lalaki geus didangdanan.

Ujang Kusen awakna diatalan, beungeutna dipupuran kandel, tuluy disampingan dodot cara rek ka masigit tea; ngan bedana ayeuna mah teu dibajuan, make baju tarate bae, leungeun digeulangan jeung dikilat-bahuan. Sirahna lain dibendoan, dimakutaan.

Tukang hias awewe pahibut ngadangdananNyi Rapiah, awakna diatalan, beungeutna dikeningan, tuluy dipupuran, gelungna dikembang-goyangan rap disigeran. Awakna make apok susu, dibajuan tarate, tulus disampingan songket tabur; kaos selop sakumaha biasa. Suweng berlian harga f 1000.- broy-broyan dina

21