Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ceulina. Geulang ditaretes inten kenca katuhu, kilat-bahu emas duket, pending ditabur ku inten, ramo pinuh ku ali, dina dada numpuk kongkorong tilu rupa: kongkorong emping, susun jeung didinaran.

Sanggeus tarapti rangkujung Nyi Rapiah nangtung, ditungtun ku hiji sepuh, istri-istri ngaleut ngiringkeun, tuluy didiukkeun dina korsi, direndengkeun jeung Ujang Kusen di tengah imah. Papakean panganten mubyar siang marakbak, matak hebat nu ningali.

Ujang Kusen enya soteh geus dua poe dua peuting di dinya, tapi henteu pisan tepung jeung bebenena teh. Kakara harita bisa nenjo ka Nyi Rapiah, kitu oge teu pati awas, sabab rada kuram- kireum semu era. Sanajan teu pati teges oge, Ujang Kusen mani nyeblak nenjo kageulisan Nyi Rapiah, hatena ngageter awahing ku atoh, boga pamajikan geulis.

Nyi Rapiah oge teu kurang bogohna ka salakina, sabab Ujang 3 Kusen teh lain jelema jore-jore, tegep sarta manis budi.

Pukul tilu geus ngabrul nu rek ngiring helaran, kabeh maridang sataker tanaga, aya nu dina kareta, aya nu dina bendi, aya nu dina dokar dipurutulan; nu teu pati kaya tumpak dokar sewa bae.

Pukul opat panceg, jung ngangkat iring-iringan, pangheulana tukang tanji dina dokar, jol kareta panganten ditarik ku kuda sitni dua, sapasang, kusirna jeung loporna make papakean montereng; panganten ngarendeng dina bangku tukang, ari dina bangku hareup aya dua awewe anu jadi pangobeng, beunang milih budak ngora pangtegepna ngepetan panganten; duanana beunang midang hurung-herang. Dina tempat lopor aya lalaki make baju hideung, calana lepas hideung, mayungan panganten.

Sapandeurieun kareta panganten ngaleut kareta, bendi jeung dokar nu ngiring tea. Ku sabab tuan Haji Abdul Raup teh jelema beunghar tur loba sanak barayana jeung sobatna, pirang-pirang nu ngiring helaran teh. Nepi ka satengah genep helaran teu eureun-eureun, muter dayeuh, ngurulingan nagri. Saparat-parat jalan pinuh ku nu -lalajo, kawantu karia gede, sarerea pada nyaho.

22