Sanggeus satengah genep tuluy panganten balik, pek cucul- cucul nu ngalanteur oge marulang bae saimah-imahna.
Caturkeun pukul tujuh sore panganten geus didangdanan deui cara tadi, tuluy didiukkeun dina korsi hareupeun papajangan, nyanghareupan adep-adep. Di gigireun adep-adep ngajegir bokor kuningan, jangkungna salongok.
Di emper wayang golek geus dipanggung, tatabeuhan dipasieup, barudak ronghok lalajo paheula-heula hayang diuk deukeut kotak, atawa hareupeun dalang, ngarah bari nyoo wayang. Pukul dalapan tatabeuhan geus ger ditabeuh, ngumpulkeun nu rek lalajo, ngagentakkeun nu rek ngaralayad.
Ti pukul dalapan nepi ka pukul sapuluh ngaleut bae awewe lalaki, kolot budak. Sakur anu datang, awewe-awewe, lian ti barudak jeung nu ngiring mah, sungsong nyodorkeun panyambungan, duit dina cepuk, bari marunjungan ka Nyi Haji Abdul Raup. Ari duit panyambunganana, tuluy diasupkeun kana bokor anu salongok tea. Di luar tuan Haji geus metakeun dua tilu jelema anu purah nyalikkeun tatamu-tatamu pameget.
Tatamu caralikna ngaberes mayunan bacreuk, istri pada istri, pameget pada pameget, anu sepuh jeung nu sepuh, nonoman jeung nonoman deui. Ditenjo ti luar mani pinuh, lolobana awewe bae, sabab lalaki mah rea nu diuk di luar dina korsi.
Teu kira-kira lucuna nenjo peta nu di jero, mani asa dina pangimpian atawa di sawargaloka bae,. Patetebah, anu sakitu hurung-herangna, kahibaran ku cahya lampu mangpuluh-puluh, mani siang. Sakur nu aya di dinya mun awewe jiga geulis, mun lalaki jiga kasep.
Sumawonna mun nenjo kana gundukan istri-istri nonoman, mani matak panon-simeuteun, anu sakitu gareulisna, taregepna, kasipuh ku papakean anu sakitu aralusna jeung kahibaran ku cahya lampu, mani teu asa dikieuna, mun enggeus mah asa nenjo widadari di kayangan bae. Cahya inten dina suweng, panitih, madalion jeung geulang, tinggurilap, tingburinyay jiga bentang
mangrewu-rewu, ari keur nuju langit beresih sarta kahibaran ku