Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bulan; cahya damar anu minangka bulanna. Geulang emas_ting- baranyay dina leungeun nu karoneng keur dipake nyabak gelu atawa ngagaro sirah, jiga kingkilaban peuting. Ngagaro soteh lain ateul loba kutu, isarat ngagupayan nu di luar, menta didagoan balik.

Warna-warna rupa baju: sutra, salahi, encit jeung batis-polos. Mun diawas-awas asa pisan nenjo kembang sakebonan anu warna-warna rupana sarta keur meujeuhna mangkak. Kumaha atuh teu rek jadi panghudang sahwat, panarik birahi, jadi kembang mata nu ngarora.

Ditenjo gelung beuki wuwuh matak bingbang nu lalacur, aya nu make poni, aya nu digelung jucung mnurutan nyonya-nyonya, geus puguh gelung konde mah beunang neplak ti nyonya-nyonya Cina, jabingna patingserekebengbeng, tuluy diselapan daun raniem atawa dicucundukan kembang gulo, pangirut anu narenjo, pangemat atmana bujang, pamepes amarah salakina.

Tapi urut sakitu lucuna teh nenjo awewe nu gareulis, ari rets nenjo panganten mah, kabeh pehem, abong-abong bentangna pasar. Beunang diibaratkeun Nyi Rapiah teh upama bentang timurna, ari awewe nu sejen minangka bentang nu loba, kabeh Katuruban. Sakur anu nenjo teu aya pisan seubeuhna, estu lucu awewena lalakina. Cek ieu, cek ieu, Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen teh estu nurub cupu, nu geulis jeung nu kasep, turug-turug beunghar pada beunghar. Estuning jadi senen kalemeken, jadi tungtung kasaur- an, cara Rama jeung Sinta.

Panganten diuk dina korsi ngarendeng, dikepetan ku dua awewe anu taregep sarta beunang maridang sataker tanaga, papakeanana sapasang, katenjona liwat saking matak lucuna nambahan sari ka panganten.

Di tukangeun panganten, paturon anu beunang mapaesan tea. Damar nyorot kana aer emas jeung kaca, cahyana mani hibar. Di sajeroeun eta katil kulambuna bodas, sepre jeung anggelna barodas, katenjona ti Juar reyem-reyem, kalindukan ku lalang- se sutra hejo jeung tutup kulambu kasumba, estuning matak nga-

24