Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bijilkeun lalamunan ka bujang-bujang.

Pukul salapan dalang kakara prak ngawayang, teu kira-kira ramena, kawantu dalangna bisa, kakawenna ngeunah, ngabodorna matak seuri. Panayagan rame senggak reujeung alok, tukang saron teu repeh sesebred jeung sisindiran, nambahan rasmi kana wayang.

Nu lalajo mani pepet awewe lalaki, kolot budak, sabab maksudna lain ngan rek lalajo wayang wungkul, hayang nenjo pangantenna. Sumawonna lalaki jeung randa anu lalacur lalenger pirang-pirang, da jaba ti lalajo wayang jeung panganten teh, lalajo nu lalajo deui.

Anu dagang mani neba di sisi jalan kenca katuhu, damarna pagede-gede; tingkalentreng nu keur ngaladangan cendol jeung cingcaw, tingpelengseng beuleum sate jeung maranggi, tingpeledek haseup bajigur jeung bandrek. Barudak reang nawarkeun lepit jeung roko, tingselendep ka jelema loba. Anu dagang kulub suuk, sanggray kacang tanah, ketan dikalapaan jeung salian ti eta ngaberes di sisi jalan.

Sanggeus pukul duawelas penganten geus dicuculan, nu lalajo geus mimiti culcil, ondangan geus loba nu baralik, barudak gempar patulayah harees deukeut kotak. Beuki peuting nu lalajo beuki corengcang, nu di jero kari saeutik, ngan tinggal kolot bae sakur anu resep nanggap lalakonna, disurupkeun kana elmuna. Sora dalang geus rada peuyeuh, tapi wuwuh matak kelar ka jalma ahli lalajo. Panayagan geus teu pati berag, malah loba nu nundutan; tukang goong mindeng disentak ku dalang, dumeh na- kolna lain dina mistina. Awewe anu narongton sawareh mah aya keneh, tapi nu sorena sakitu gandangna, harita mah geus semu alum, kausap ku jurig tunduh, cahya surem, pupur laas, katambah caangna damar geus kurang, ngan kari reyem-reyem bae.

Lagu salendro beuki peuting, beuki matak waas, sumawonna lagu ombak banyu mepende budak keur sare, ngajak nyaring ka nu eukeur leleyepan, ngagerihan kana hate nu keur kaedanan.

Di jalan anu sorena sakitu lobana jelema, harita mah entang-