maneh boga rasa bedas, jagjag waringkas, kawantu eukeur ngora, buta tulang, buta daging; kalima sakadar-kadar maneh boga oge pengareti, da ti bubudak ku kolot diwarah ngaji, dipapatahan digawe; kagenep dumeh maneh sok aya amal ibadah nurutan kolot, eta matak oge ngadatangkeun katakaburan; ari katujuhna sanajan maneh lain nu jeneng, tapi ku batur sasama maneh diajenan, dumeh nenjo ka kolotna. Tapi masing ngarti Nyai, eta tujuhanana euweuh anu beunang dipake tanggelan, taya geusan gede gunung pananggeuhan, sabab teu aya pisan nu awet.
Turunan menak, ari teu kasipuh ku banda jeung kapangkatan mah, nya teu aya kaagunganana. Malah ana lakian meunangkeun somah mah, turunanana nya jadi somah deui.
Lamun urang boga darajat jadi anak menak, atawa anak jelema pantes, ulah dipake takabur, anggur kudu sujud sukur ka Nu Kawasa sabab eta teh darajat gede, anu teu beunang diturutan ku nu sejen, jeung sing ati-ati supaya bisa nyiar pibatureunana nya eta banda jeung pangkat.
Rupa geulis paling awet ngan ukur lima welas taun, komo mun jeung loba anak, teu kungsi sakitu ge geus ruksak manten, beungeut geus mimiti karadak, kulit koneng jadi goreng, buuk kandel jadi cerewing. Jadi lamun urang eukeur ngora, eukeur geulis, geuwat baktikeun ka salaki, ngarah piengkeeunana, dimana urang geus mokbrok, salaki tetep nyaahna, sabab jaba ku kabageuran teh, inget kana kasuka baheula, eukeur bogoh, teu kasoro ku nu sejen.
Kabeungharan oge teu beunang dipake kamegahan, teu beunang dijieun andelan, karana pirang-pirang anu beunghar ngadadak jadi malarat.
Lamun Abah enggeus paeh, meureun banda direrewet, da maneh teh loba dulur; asal gede oge ari geus dibagi-bagi mah tangtu kabagean saeutik sewang; turug-turug maneh mah awewe, bagian ngan satengah dulur lalaki, meureun beuki saeutik bae. Ari banda warisan tea jarang pisan anu mapahat.
Sok bisa soteh awet banda warisan lamun ragrag ka jelema nu tadina geus eungkeut-eungkeut rek beunghar. Ari jalma