beunghar tea kudu hese cape heula, kudu ngawula ka wayahna, dahar pake kudu diukuranan. Eta anu jadi dadasar beunghar, minangka pameulina. Lamun banda datangna breg sama sakali, langka anu kaawakan, lamun tacan aya dadasarna.
Sumawonna eta mah kabedasan teu kudu pisan ku maneh dipake dir, da moal sabaraha tanaga awewe, moal bisa nyuhun nanggung; mun teu ti salaki, meureun maneh susah hirup.
Kapinteran sumawonna amal di maneh saeutik pisan, beunang disebutkeun euweuh bae, mun dibandingkeun ka batur, cacakan nu enya pinter manggulang-mangguling oge, ari teu dibarengan ku lampah hade, sok tara aya hargana.
Satungtung Abah hirup ka maneh meureun loba nu ngajenan, sabab carek paribasa bapa anu mawa harga. Mun Abah enggeus teu aya mah, biheung teuing, da kajatnikaan mah sok aya usumna, cara kajenengan deui. Ari nu pinuluykeuneun mawa harkatka maneh, nya eta salaki, anu matak kudu ngesto kudu tuhu.
Lamun maneh enggeus ngarti,yen nu tujuh perkara teh taya nu beunang dipake dir, pek diri geura rendahkeun, hate geura peruhkeun ulah luhur kamagungan hayang ngapak-ngapak langit, sumawonna rek ngahina ka salaki.
Jaba ti dinya pepeling Abah maneh kudu ngarti, yen awewe boga salaki teh gede pisan mangpa'atna. Nomer hiji salaki teh gaganti indung bapa, anu baris nyukup sandang pangan. Lamun maneh rara palangan, taya deui anu pimelaaneun teh ngan salaki.
Manehna teh moal geuleuh ku rujit, moal nyaah ka banda dipake namba-nambakeun, moal aral-subaha ngarasakeun kacapean urut ngagugulung maneh jeung moal kutuk gendeng lantaran kurang sare kurang dahar urut ngarasanan maneh, dapon enya maneh nya sumujud ka salaki. Deungeun-deungeun mah moal aya anu kitu; pasobatan resep soteh ari keur di jero cageur, batur dina sukan-sukan, ari kana geuleuh-keumeuhna mah, moal aya nu bela, lian ti salaki. Sanajan henteu prak ku maneh, dumeh aya petakeuneun, nu rugina mah nya salaki, jadi sasat tunggal keneh.
Enggeus galib jelema teh sok kadatangan kasusah, atawa