cilaka, atawa wiwirang. Eta moal aya nu pibelaeun kajaba ti salaki, da kapan ngan salaki nu sok sakanyeri, sakapeurih teh. Nya kitu deui dina aya kasukaan ngan salaki anu geus pasti saati. Anu matak dibasaan ku kolot: Ari nu laki rabi kudu runtut raut, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak, sapa-pait, samamanis.
Ari jelema teh sejen deui jeung sato, kawajiban awewe lalaki kudu ngulik elmu nu baris mangpaat. Pikeun awewe nya salakina anu baris nungtun-nungtun. Lamun manehna teu bisaeun, wajib kudu ihtiar, dikengkenkeun ka nu sejen.
Saur ulama, salaki teh enggon ta'at ka Yang Sukma, tegesna sagala pangbakti awewe ka salakina eta matak diganjar.
Ku Abah enggeus dititen jalan-jalan anu matak jadi baruntak babakuna tilu perkara: 1 kagorengan, 2 kabodoan, 3 kangedulan. Kagorengan cicingna dina tilu enggon: dina ati, dina ucap jeung dina lampah.
Lampah anu panggoreng-gorengna pikeun awewe ka salakina taya deui ngan mangduakeun pikir. Ku sabab eta Abah pepeling, sasahat pisan ulah nepi ka kitu. Abah mihape ceuli jeung mata. Salaki teh sina tibra pikirna tina jalan eta sok sumawonna nepi ka beh manggihan maneh boga lampah hina atawa ngadenge beja, ulah sina aya sangka-sangka acan. Luang lumbrahna, lamun sok aya bejana, tangtu sok aya buktina. Nya kitu deui sangka salaki loba anu kajadian. Anu matak dibasaan ku kolot: sabuni-buni nu ngising. Lamun awewe geus boga dosa kitu, sanajan awet jodona, dumeh salakina aya kabeuratna atawa gede katineungna, tangtu awet rajet bae, sabab saumur-umur pikir salakina nilam. Dosa nu sejen mah sok aya hampuraeunana, tapi eta mah sahiji, najan nepi ka rup ku padung, rap ku lemah, katindihan taneuh beureum, lalaki teh tara daekeun poho, tina gede-gedening dosa ka salaki; anu matak sok loba jelema anu tepi ka luluasan.
Pikeun ngahalangan balai eta, taya deui akalna kajaba ti ulah sok resep lalajo jeung ulah sok nyaba sosoranganan, anging kudu bareng jeung salaki.
Jaba ti eta loba deui lampah goreng, anu kudu disingkahan.