Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Babakuna anu kudu jadi inget, ulah aya lampah maneh anu matak susah atawa matak wirang ka salaki, sabab sakabeh jelema kudu bisa nyingkahan rara jeung wirang.

Ucap atawa omongan anu disebut goreng, nya eta sakur-sakur anu matak nyeri kana ati atawa matak wirang. Geus jamakna anu laki rabi sok pasea, tapi sanajan maneh keur ambek kudu inget ulah ngabijilkeun omongan anu matak nyeri ati pohara; carek paribasa ulah abong kena biwir teu diwengku, ngomong dapon ngagablog. Nya di dinya maneh kudu bisa metakeun ilat-ilat, metakeun duduga peryoga. Saur anu palinter, ucap teh seukeut alah manan pedang. Lamun awak raheut ku pedang, babari cageurna deui. Tapi ati anu raheut ku pangucap, hese ditambaanana. Saur sepuh, "Omongan nu geus ka luar teh, lir upama jamparing anu geus melesat tina tali gondewana, taya petana beunang ditewak deui. Ku sabab eta ku pantun geus di elingan: Nyaur kudu di ukur-ukur, nyabda kudu diungang-ungang. Papacuan maneh ulah sok ngupat salaki, mun keur nganjang dipake kikirim, mun kaanjangan dipake nyuguhan. Mungguh di nu ahli apik mah, sumawonna ngupat, muji oge di hareupeun deungeun-deungeun tara, sabab muji salaki teh sarua jeung muji maneh. Geus puguh kana rasiah salaki ulah wani-wani muka; loba jalma nu cilaka lantaran dibuka rasiahna ku pamajikan. Kateuresep sarerea nya eta lamun dihina; ku sabab eta mangka hade maneh ulah wani-wani ngabijilkeun omongan nu ngahina ka salaki.

Kagorengan dina ati oge pirang-pirang. Gede ambek, ahli ngahina, gumede, kumaki, ngagulkeun kamenakan atawa kabeungharan, goreng sangka ka salaki, ahli timburuan, eta kabeh kagorengan nu aya dina ati. Koret oge kaasup kana kagorengan ati keneh, anu matak kudu inget, ka salaki ulah koret; da kapan sumawonna banda, diri oge salaki anu boga. Saur sepuh, "Jeung salaki kudu sabanda saboga."

Mangka inget, Nyai, yen kagorengan teh pangpangna pisan, beunang disebutkeun racun, anu sok maehkeun jelema. Talungane kabodoan jeung kangedulan mah sok aya oge timbanganana salaki. Mun geus goreng mah teu aya pupurieunana pisan. Tatapi

34