Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hartina teh genggem beurang-peuting, ulah aya lampah pamajikan, anu salaki teu nyaho, laku sumput-salindung, eta kudu pisan dipahing, sagala kudu brukbrak, kakara rek lulus, ari piakaleunana, sangkan kitu urang nu jadi lalaki, ka bojo kudu brukbrak.

Ulah aya lampah maling-maling, ka awewe arek ngalicikan, mun kitu geus tangtu bae, pamajikan ge kitu, kapan aya cacandran aki, sing temen-tinemenan, nu nipu, ditipu, anu matak kudu bisa, jeung awewe sapapait-samamanis, sabagja-sacilaka.

Lamun nyaba kudu bareng indit, mun di imah kudu reu-reujeungan, ka kaler bareng ka kaler, ka kidul bareng ngidul, mun kitu teh jauh sak ati, urang jeung pamajikan, mo boga timburu, tapi ulah salah paham, kitu soteh lain keur aya nu misti, nyaba keur pelesiran.

Ari urang eukeur nyiar rizki, tangtu pisan kudu pipisahan, awewe cicing di pondok, tah eta mun keur kitu, saha nu kudu nguntit-nguntit, nalingakeun lampahna, na kudu dikurung, atawa dikulisian, eta Ujang ulah pisah salah ngarti, lain kitu petana.

Ka bojo teh ulah api lain, tapi ulah osok timburuan, atawa ngan nyangka goreng, lamun bojo dikitu, manehna teh geus tangtu pusing, urang kudu percaya, tapi sing timburu, eta memang hese pisan, cekel pageuh ilat-ilat temah-wadi, masing asak jeujeuhan.

Tata titi surti ati-ati, surti wadi tereka drigama, ku Ujang ulah dikoncer, cekelan masing estu, lamun bisa salamet diri, tah kitu wekas Ama, poma pisan Agus, ulah arek lalawora, Ujang kudupisan nyaah kana diri,lampah ulah rek salah.

Tapi akal anu nomer hiji, anu matak jadi kalulusan, kudu bisa ngalap hate, pamajikan sing tuhu, ka salaki sing welas asih, tah lamun geus kitu mah, estu enggeus cucud, jauh tina panca-baya, sabab tekad pamajikan nu doroi, leungit ku kaasihan.

Ari sangkan bojo welas asih, kudu urang anu miheulaan, ka bojo sing welas hate, lampah jeung ucap atur, ulah aya nu matak nyeri, ka hate pamajikan, sing terus jeung kalbu, ulah nyaah

40