kawas gaang katincak.
Caturkeun panganten didangdananana ngan nepi ka pukul sawelas, tuluy cucul-cucul ganti papakean. Ujang Kusen pek nyampeurkeun ka sobat-sobatna, diuk milu lalajo. Nya kitu deui Nyi Piah campur jeung awewe-awewe nu ngarora suka seuri resep nanggap si Cepot ngabodor, bari nyindiran nu di jero.
Si Abdullah geus kiih anjingan, cara anjing tutung buntut, asup bijil teu ngeunah cicing, hayang geura nyalukan Nyi Piah rek disina ka luar, tapi Nyi Piah mah jongjon bae. Ari rek ditaragal disampeurkeun, moal pihadeeun.
Harita Aom Usman geus diasupkeun ku si Abdullah, disumputkeun dina pipir jamban, nyalira bae, supaya ulah aya nu nyaho. Ari rencang-rencangna ngadaragoan di jalan. Kabeh geus taki-taki, bisi aya kumaonam.
Si Abdullah geus buka rasiah ka hiji sobatna sarta menta tulung, dimana Nyi Piah turun, Ujang Kusen kudu hantem bawa carita, supaya jongjon, ulah nyahoeun Nyi Piah bijil.
Barang geus pukul duawelas kabeneran Nyi Piah kawas hayangeun ka cai, tuluy asup ka jero imah. Sirintil ku si Abdullah disampeurkeun, bari ngomong haruas-harewos, garayam-gereyem, bari leuleumpangan, ngarah ulah katara. Ku Nyi Piah teu pati kadenge, ngan hawar-hawar bae, di jamban aya Aom Usman. Nyi Piah ngageter atina, sieun enya aya. Ngomong di jero atina, ”Kumaha lamun enya aya; ari teu disampeurkeun karunya, ari disampeurkeun sieun. ”Liwat saking Nyi Piah dulungdungdeng pikirna, mandeg-mayong.
Teu ku hanteu hayangna ka cai beuki kacida. Tuluy ngageroan baturna awewe, menta dianteur. Cek si Abdullah, ”Nyai teh palay ka cai? Mangga ku akang dianteur.” Top manehna nyokot lantera, jut nyi Rapiah turun. Si Abdullah pok deui bae ngomong, pokna, ”Nyai di pipir jamban aya Aom Usman.” Ku Nyi Piah teu ditembalan. Ari jamban teh teu jauh, di dinya bae, hareupeun dapur. Jadi Nyi Piah ka cai teh teu dikagetkeun, teu dianteur ku jelema loba.