Sabot Nyi Piah di jero jamban, teu weleh-weleh mikir, ”Kumaha sampeurkeun atawa entong? Ari disampeurkeun risi, sakitu jelema balawirina nu digarawe; ari henteu, karunya jeung sok sieun jaheut manahna, heg aya matakna kana dirina, kawantu putra bopati. Ah, leuwih hade disampeurkeun bae sakeudeung; keun bae, da lain rek kieu-kieu, supaya ulah nyerieun hatena bae.”
Kuliwed Nyi Piah ka pipir jamban bari nanya, ”Saha ieu teh?”
Saur Aom Usman, ”Beu kacida teuing nepi ka disaha-saha! Moal enya henteu nyaho, kapan kami ti sore di dieu, hayang papanggih jeung manehna; geura suku kami mani gimpa, balas dicongcongan reungit. Ari ayeuna nepi ka disaha-saha. Ulah sok reueus panganten.
Bari sasauran kitu teh manahna ratug, sampeanana nyorodcod, sasauranana pegat-pegat, awahing ku atoh, henteu nyana Nyi Piah nepi ka daek manggihan. Turug-turug jeung geus sakitu keselna calik di pipir jamban, sajam teh asa sataun.
Cek Nyi Rapiah, ”Na da abdi mah teu terang, aya gamparan di dieu. Naha atuh gamparan rurumpaheun teuing kersa calik di nu kieu? Mun upami rek ningali mah, lebet ka jero ambeh awas.”
”Eh, kami mah teu rek marok-marokkeun maneh, kawantu jelema keur apes, kuriak pada nyiduhan calanas-colonos milu asup, teu diogan teu naon. Sakurang-kurangna ge tangtu moal aya nu ngaku. Manehna ge moal daek nenjo ku juru mata.”
Wah, gamparan mah sok pangalitan! Moal enya nepi ka teu aya nu ngaku. Sayaktosna gamparan teh naon pikersaeun?”
”Ari ditanya pikarepeun mah kami era nya pok, da moal enya ku manehna digugu, kawantu diri kami keur apes, keur bintang gelap. Saestuna kami ti barang papanggih jeung manehna, basa keur nangtung di panto, kami keur ngaliwat dina bendi, nepi ka ayeuna teu ngeunah nginum, hees teu daekeun tibra, teu aya deui nu kacipta beurang kalawan peuting, ngan manehna, kumacacang dina mata, kumalantung dina kalbu. Lamun nangtung
asa lanjung, mun leumpang kokoleangan, lesu teu aya tanaga