hade ayeuna milu bae, da kami teh geus tega kana pati, lamun manehna teu kabawa ayeuna, kami kajeun paeh bae!”
”Ambuing gamparan! Ari kitu mah gamparan reh kasar, cara lain tedak bopati, lain nyaah ka abdi, gamparan rek ngawiwirang. Pisakumaeun temen kolot abdi piwirangeunana, satutup umur abdi meureun moal diaku anak.”
”Enya, na kumaha atuh pikarepeun maneh?”
”Naha gamparan kawas lain pameget, bet kahelokan akal, kawas lain cakcak laut? Panuhun abdi sing sabar bae, geuning saur sepuh, nu sabar teh kakasih Allah, sagala pakarepanana sok disubadanan.”
Aom Usman ngaraos lingsem diweweleh ku istri sarta sasauran di jero manahna, ”Bener omongan Nyi Rapiah; lamun ayeuna ku aing dipaling, jadi ngagujrudkeun nagara, kadangkala matak cacad kana diri.” Pok sasauran deui ka Nyi Rapiah, saurna, ”Heug kami rek nurutkeun bae kana karep maneh, tapi maneh, ulah bohong, sing karunya ka kami.
”Piraku gamparan, da abdi teh anak Haji, tacan kaceluk tukang wadul, tacan kawentar tukang ngarinah, lain cara gamparan geus mashur purah ngawujukan istri. Ngan abdi gaduh panuhun, mati-mati abdi tetekadan oge, hayang dongkap ka bale nyungcungna; narah ari rek saulineun bae mah.”
”Allah eulis, moal enya kami ngan rek saheureuyeun bae mah. Karunya temen kana diri maneh, deudeuh teuing.”
”Sumuhun timbalan, najan abdi dipileuleuheungkeun oge ku gamparan, ari bade didamel deudeul pondok, tihang cabol mah, didamel sasak awi sisi jalan, narah gamparan!”
”Mungguh pasejaan kami, kami teh moal kapalang nya mikanyaah ka maneh; lamun kami manggih bagja, maneh oge tangtu milu. Jeung kami henteu niat boga deui pamajikan. Rasakeun bae ku maneh.”
Nyi Rapiah imut bari ngadehem.