Saur Aom Usman, ”Naha maneh make ngadehem? Naha teu percaya. Geura kami ayeuna rek sumpah: lamun kami goreng niat, ayeuna keur nyangareup ngetan, ulah bisa malik deui ngulon, tah.”
Cek Nyi Rapiah, ”Cup! Mangga bae gamparan ayeuna mah geura mulih, parantos lami teuing.”
”Engke sakeudeung deui, kami hayang keneh ngomong; cing atuh sing aya rasrasan. Kami tadi ngomong, kakara ayeuna ngarasa badan kami cageur, lantaran papanggih jeung manehna; cing atuh ulah waka ditinggalkeun, sugan tuluy jagjag awak kami. Jeung sing rada beh dieu ngomong teh, ulah anggang-anggang teuing, teu pati kadenge.”
Barang leungeun Nyi Rapiah rek dicandak, geuwat Nyi Piah ngejat, leos balik.
Aom Usman sajongjongan mah olohok bae, pangacianana kabur. Katingali-tingali Nyi Piah geus nece kana bangbarung, bitisna ngolenyay, katojo ku damar. Aom Usman leng bae kapiuhan, lima menit teu eling ka alam dunya, lir Iman Suangsa waktu ditilar ngapung ku Rengganis.
Barang geus eling ngaraos salirana rampohpoy; tuluy nangankeun anjeun bijil ka jalan nyampeurkeun rencang-rencangna; dita taros oge, ku anjeunna teu diwalonan, tuluy ngajak mulih bae.
Ari Nyi Rapiah teu bijil deui ka tepas, tuluy ka enggon bae. Kabeneran euweuh nu nyahoeun, da nu di dalapur bolampar ngurus nu kitu, puguh keur ribut digawe jeung teu aya pisan panyangka. Ujang Kusen jongjon lalajo wayang bari diajak cacarita ku sobat si Abdullah tea. Pendekna salamet teu aya kitu kieu, nepi ka beurang deui.
Caturkeun Ujang Kusen jeung Nyi Piah tuluy tetep tumetep cicing di imah kolot lalaki. Watara sabulan mah Ujang Kusen ku bapana tara dititah digawe, sina jongjon oleng panganten bae; ngan dina pananggalan bulan Walanda sok dititah ngiderkeun rekening nagihan sewa imah jeung pihutangkeun nu sejen, ti isuk-isuk