marina keneh digotongan ku jelema.
Barang geus pukul genep burudul kabeh kaluar, ngalanteurkeun nepi ka buruan. Ujang Kusen jeung Nyi Piah cungcong sasalaman ka sepuh-sepuh jeung ka baraya-baraya nu sejen. Geus kitu clak tarumpak kana bendi, katilu budak awewe, pangiringna. Memeh jung teh ku Haji Abdul Raup diadanan heula. Sakabeh nu aya di dinya pada ketir ngadenge nu adan sarta pada ngahelas rek papisah jeung Nyi Piah. Komo deui Nyi Haji Abdul Raup ti barang meunang beja, yen Nyi Piah rek pindah mani geus teu puguh pikir, teu puguh polah, sumawonna dahar leueut kawantu kakara jeung anak nu sakitu kameumeutna rek papisah jauh, asa rek ditingalkeun paeh bae. Peuting harita mah nepi ka isuk deui teu sare sakerejep, nginghak ceurik bae. mani cindul panonna.
Nya kitu deui Nyi Piah sajeroning sasalaman teh selang inget, selang henteu. Sumawonna barang geus ngadenge diadanan mani asa tungkeb bumi-alam, asa katindihan langit, teu pegat-pegat nyusutan cipanon bijil. Ngan hadena bae isuk harita teh poek ku halimun, kawas anu mere semu nagara milu tugenah ditinggalkeun ku nu geulis. Jadi nu ceurik teh teu pati katara, nu deukeut ge ngan katenjo remeng-remeng.
Barang geus adan jeung kamat, ceter kusir nabeuh pecut, gurudug balonna maju, kuda lumpat tetegaran, lir Dasamuka mawa ngapung ka Dewi Putri Mantili.
Kampung pasar geus kaliwat, bras ngaliwat alun-alun. Nyi Rapiah nyeblak atina nenjo babancong jeung gedong ngalamuk ku halimun, jiga nu keur diharudum sarung, asa gok jeung Aom Usman.
Henteu lila balon geus kaluar ti dayeuh, kuda lumpatna mengpengan keneh, halimun geus rada ipis, panonpoe geus rada luhur; jalan datar sarta rata, kawantu anyaran keneh diome. Nu kaliwat sawah paselang jeung lembur atawa jeung kekebonan. Jaregjeg tangkal kalapa jeung jambe sisi jalan jeung ka-beh-tengah lembur. Kawung jeung tangkal bubuahan, kayaning: kadu, rambutan, pisitan, manggu jeung salian ti eta di sakenca-katuhueun