Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jalan pirang-pirang.

Ku sabab Nyi Rapiah saumur kakara ngarasa kaluar ti nagara jeung nenjo palemburan di pasisian, teu kira-kira kagetna sarta jadi oge pangbangbrangkeun kana pikir manehna.

Barang geus wanci pecat sawed, jol nepi kana hiji walungan gede. Di dinya kudu meuntas dina sasak-kambang. Tuluy Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah tarurun, kuda dicuculan, clak tarumpak kana parahu. Kuda jeung balon oge dimuatkeun sama sakali. Soloyong sasak-kambang maju ka tengah diwelah ku dua jalma. Nyi Rapiah liwat saking aringgiseunana, mani pageuh muntang ka salakina sarta ngaleleper, atuh da saumur kakara tumpak nu kitu; nenjo walungan gede oge kakara. Barang geus nepi ka peuntas tuluy haranjat. Ujang Kusen nyimpang ka tempat anu ngepak eta peupeuntasan rek mayar tambangan, hiji jelema sasen; ari balon jeung kudana 5 sen. Geus kitu tuluy ka warung rek eureun bari rek barangdahar heula. Ger sarerea calucurak.

Sanggeus reres barangdahar sarta enggeus reureuh cape, jung indit deui. Kuda lumpatna tarik deui, sabab geus ngaso jeung mentas diparaban. Beuki jauh, beuki jauh, beuki ngadeukeutan gunung. Jalan jadi nanjak mudun. Gunung anu katenjona ti dayeuh ngalamuk paul, puncakna bodas kaliputan ku mega, ari geus dideukeutan mah leungit paulna, wungkul kakaian bae. Eta oge matak heran pisan kana hate Nyi Rapiah. Henteu repeh tatanya ka salakina, sagala ditanyakeun, kawantu awewe perceka oge. Jalan mapay suku gunung, ti katuhu leuweung jeung kebon, ti kenca lembur enclok-enclokan paselang jeung kebon, atawa talun jeung aya oge sawahna.

Sora manuk di leuweung mani recet, mani reang. Tingareng-guk sora puyuh jeung dederuk, tingkarecit sora manuk nu laleutik, ngelak sora siit uncuing, purkutut jeung tikukur. Sawarnaning manuk-manuk leuweung, kayaning: bultok, setgunggung, caladi kundang, walik, kerak omas, manuk uncal, cangkurawok, kadanca, manuk dudut jeung salian ti eta, kabeh baleger, kawas nu ngabageakeun ka nu geulis anyar sumping jeung sono ka sarangenge,

52