Nyi Piah dagangna laris oge, dibareulian ku urang gunung jeung urang pakemitan, turta harita tacan usum kopi jeung musim panen.
Ari Ujang Kusen ngurus sawah, sabab harita geus usum nyambut, jeung selang-selang sok ngabantuan gawe dulurna, da kebon kopi mah harita tacan aya uruseunana; kana musim metik ngadago sabulan deui. Eta mah kudu mangkalan, teu beunang didongkang ti lembur.
Ujang Kusen teh kawas nyaring pisan pikirna kana jalan nyiar kipayah; cacakan budak ngora sarta kakara mah, geus sakitu pikaresepeunana nu nenjo. Henteu kena-kena anak nu beunghar, henteu ieu aing urang dayeuh, kana gawe teh buburuhun pisan, aya andelkeuneunana kolot.
Kocapkeun bulan hareupna kopi geus arasak. Anu ahli kokopian geus rabul parindah ka kebon kopi rek ngadon mangkalan.
Tuluy Ujang Kusen badami jeung pamajikanana, ngajakan mangkalan ka gunung, bari dagang barang jeung beas. Ceuk Ujang Kusen, ”Geus tangtu laris bae dagang anu kitu mah, sabab bakuna ari urang gunung mah meulina papakean dina keur usum ngala kopi; sumawonna mun jeung diasongkeun ka tempatna sarta dianjukkeun atawa ditimpahkeun, tangtu beuki gawok bae.”
Nyi Rapiah ngarempugan, tuluy sasadia pibekeleun, kawantu lain rek sakeudeung-keudeung, meureun nepi ka mulanan. Ujang Kusen teng ka panggilingan, nyiar beas keur dagangkeuneun tea.
Barang geus sadia sarta geus nepi kana poe beunang ngitung, jung arindit. Nyi Rapiah tumpak kuda bikang digondeng ku hiji gundal, beunang disamping bang sarung, dibaju salontreng gadung diparet ku kancing emas buah huni, didudukuy pelentung diaer-emas, karembong lokcan dibeubeurkeun kana beuheung, nyekelan pecut jeung tali kadali, nurutan menak istri baheula, liwat saking matak lucuna tina bisa nyurupkeunana. Ujang Kusen oge tumpak kuda jalu hideung Sandel, bari nyorendang bedil. Lanjangna bawa ti dayeuh tea milu, tapi badarat bae, bareng jeung kuli-kuli nu