nanggungan enggon, bebekelan jeung dagangan.
Matak lucu pisan petana nu keur lumaku; pangheulana Nyi Rapiah diiringkeun ku aleutan nu naranggung; Ujang Kusen pangpandeurina, anu jadi jaga pati, jaga baya. Loba jalma anu brukbrek dariuk, marukankeun menak nu rek ka pasanggrahan. Tacan sakumaha jauhna ti lembur, jalan geus mimiti nanjak; beuki jauh, beuki netek, nepi ka Nyi Piah kapaksa kudu turun. Mun geus manggih nu datar atawa anu nyangsaya, kakara tumpak deui. Atuh jalma tara tutur leumpang jauh, ngan ulukutek di imah bae, kari-kari harita kudu nanjak sakitu netekna, teu kira-kira bae ripuheunana beungeutna mani euceuy; kesang luut-leet kawas anu mandi bae. Keur di dayeuh mah ari pareng oge nyaba rada jauh, tara nepi ka badarat, kudu bae tumpak dokar atawa bendi.
Barang geus kira-kira pukul sapuluh, nepi ka lembur Pasanggrahan, sabab di dinya aya pasanggrahan, paranti ngarereb pangagung, anu keur ngaronda kebon kopi. Eta lembur gede pisan, geus puguh nu asal urang dinya, anu ti lebak oge loba nu pindah, ngadon ngebon, ngahuma: melak suuk, kacang tanah, hui kumeli, pare jeung salian ti eta; tapi are nu jadi babaku mah ngala kopi. Dina keur usum kopi teu kira-kira ramena, sabab loba urang dayeuh nu mangkalan jual meuli kopi, geus puguh nu boga kebonna. Ari imah-imahna garoreng pisan, lolobana tihang awi, hateup eurih sarta make talahab. Imah Ujang Kusen oge teu beda jeung imah anu sejen, pilakadar beunang meuli tilu ringgit, potonganana julang ngapak, bilikna teu dirangkep, hawuna oge di jero imah bae. Ari ti hareupna make pajagan, paranti ngome kopi.
Barang geus nepi ka dinya Nyi Piah geus kerang-kerung bae, nenjo imah sakitu teu matak pikabetaheunana, asa sup ka saung sawah. Gek diuk di tengah imah, nangunjar lambar, teu lemek teu nyarek bangun nu aral-subaha, jeung ongkoh ngarasakeun kanyeri, suku mani karerembung, tuur asa potong urut ngabekuk nanjak, bujur panas urut tumpak kuda, ngan teu nepi ka babak bae.
Ku Ujang Kusen kaharti, yen pamajikanana sakitu ripuheunana, tuluy diupah-apeh ku omongan anu manis pokna,