“Nyai, cape? Wayahna bae, lis,da jamakna ari hayang nyapek kudu ngopek.”
Nyi Rapiah nembal bari baeud, “Di imah oge teu nyatuan huut.”
“Hih, lain kitu, kapan cek kolot, lamun hayang mukti, kudu daek rara heula. Wayahna bae, itung-itung diajar. Cape mah atuh reureuhkeun bae, engke oge cageur, anggur kedengkeun geura. Eta suku urang ubaran ku cilebu haneut.”
Tuluy Ujang Kusen ngamparkeun samak jeung anggel, eukeur ngedeng Nyi Rapiah, pek deui nuras cilebu, prak dibalurkeun kana suku pamajikanana, sagala kuma' maneh, teu ngarasakeun kacape, ngalap ati Nyi Rapiah.
Geus kitu tuluy beberes pienggoneun, bilik dikeput ku kasang jinem, ngarah ulah asup angin; ti hareup direreganan; kolambuna ditalikeun kana bilik para bae, henteu make dikatilan, kasurna ngagoler, ngan diamparan ku samak; estuning enggon lumayan pisan, jauh deui jeung basa eukeur panganten.
Lila pisan Nyi Piah ngalungsar bae, barangdaharna ge teu puguh. Pangkituna teh lain ku cape-cape teuing, ngan ku tugenah pikir, asa disangsara ku salaki, dibawa sakadungsang-dungsang. Ujang Kusen reuwaseun pisan, sieuneun Nyi Piah katutuluyan gering. Tapi barang kira-kira geus pukul satu manehna hudang, hayang mandi. Tuluy dianteur ku batur-baturna.
Ari pancuran teh di lebak, caina herang pisan, cai nyusu, ti tonggoh katembong jiga deukeut, manahoreng tembong gelor; ari dipaju mah teu kira-kira bae jauhna, nepi ka tuur Nyi Piah asa dingkluk urut mudun. Sumawonna dina balikna, nanjak enggah-enggeh. Di jalan keneh kesang geus ngorolok deui ku cape jeung panas, liwat saking matak kalumanana.
Kakara asar Nyi Piah geus ngarasa tiris mani ngahodhod. Teu kira-kira manehna reuwaseunana, marukankeun muriang, mana horeng jamakna di luhur gunung mah sarerea oge tiris. Nepi ka peuting deui, malah nepi ka isuk deui ngahantem tiris bae