pangpoharana kaisuknakeun, mani asa teu tulangan, awahing ku baal. Nimu-nimu rada haneut geus pukul sapuluh beurang. Dina eukeur tiris teh kulit Nyi Piah anu sakitu ngagelempongna mani semu hawuk. Atuh manehna reuwaseun pisan, sieun ruksak modal. Eukeur teu betah katambah kitu, beuki teu betah bae.
Dina poe kadua pasosore manehna ngalantung di buruan, beunang diharudum sal, ngabangbrangkeun kateu-betah jeung sugan ulah tiris teuing. Tuluy nyampeurkeun ka nu keur milih kopi di pajagan batur: nu gendul pada gendul, nu dampa pada dampa, katiluna anu goreng pada goreng. Geus kitu leos ka lawang. Ari lebah dinya teh dina tonggoheun pisan tanjakan. Naha ari ret teh ka tebeh kaler ngan plang bae deudeuleuan awas ka lebak nepi ka jauhna, gunung di peuntaseun tanah datar nyacas ngabaris, rupana paul beresih, aya anu semu hibar bebenclokan jiga diaeremas katojo ku layung koneng. Puncak-puncakna nu luhur ngalamuk katuruban mega bodas, jiga anu dikukudung eukeur susah, mangwatirkeun ka Nyi Piah, hirup sakadungsang-dungsang. Di beh lebak tingpeledug haseup nu keur ngadurukan: kaciptana ku Nyi Piah eta teh anu keur ngukus, ngukusan manehna keur ngumbara di puncak gunung, sina tereh-tereh balik. Ret ka lebak, plang pasawahan jiga jadi hiji, rupana hejo matak lucu, kawantu harita keur usum gede pare, sawareh enggeus celetu, paling handap nu keur bubuni tikukur. Di tengahna tingarenclo, tingjarumpluk lembur-lembur, jiga pulo di tengah-tengah lautan, matak kelar, matak waas kana hate nu nguluwut. Ret ka tebeh kulon meueusan, barakbak gedong jeung kuta, sawareh teu pati awas kapindingan ku tatangkalan; jiga jalma nu keur nyumput, nyumputan ka Nyi Rapiah. Jaregjeg tangkal kalapa jeung jambe, masigitna oge awas nyungcung mapakan kalapa. Liwat saking kagagasna hate Nyi Rapiah sarta ngomong di jero atina, “Meureun itu dayeuh teh. Lah, keur naraon damelna Ema jeung Abah, palangsiang tareudamang, tina aing sakieu teu ngeunahna hate, sumeblak sumeredet bae.” Bari mikir kitu teh ngan curucud bae cipanonna. Beuki lila beuki leleb ingetna Nyi Piah ka urang dayeuh, sarengkak-rengkak ka tukang kabeh kadeuleu. Teu eureun-eureun cipanonna