Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

murubut, mun budak mah meureun ceurik gogoleran. Nepi ka burit manehna ngajanteng bae di sisi jalan, geus poho di katirisan.

Ku salakina digeroan, dititah ka imah, geus burit. Tuluy Nyi Piah balik, tapi teu buru-buru nyampeurkeun, anggur leos ka nu keur milih kopi, rek ngabangbrangkeun, hayang ulah katara ceurik ku salakina. Tapi sanajan kitu oge, da sejen, ku Ujang Kusen teu burung kajudi, yen pamajikanana nguluwut. Kacida pisan matak bingbangna kana hate manehna, eukeur sakitu pikirna mengpengan kana jalan nyiar usaha, nenjo pamajikan kitu mah mani reg bae teu puguh. Cek pikirna, coba isukan mah rek dibangbrangkeun ka kebon kopi, ulah sina nguluwut teuing.”

Barang geus sareupna tuluy Nyi Piah ka imah, tapi terus ka enggon bae, ngedeng, tina teu kawawa nandangan sungkawa pikir. Sanggeus rada lila disampeurkeun ku salakina, diomonganan, pokna, “Nyai, ari tacan tunduh mah, anggur geura sasadia bebekelan keur isuk, kapan isukan urang rek ngala kopi ka kebon.”

Nyi Rapiah tuluy hudang, tapi bari ngajengket semu ambek, pek ngageroan lanjangna tea, nitah beberes. Ku Ujang Kusen hantem dileuleuyan bae, pikirna: sugan laun-laun daekeun betah. Tina nenjo salaki sakitu hadena, aya oge Nyi Piah pikirna rasrasan, pek digawe ku maneh nyieun kadaharan, kawantu baris sapoe jeput di kebon teh. Naon anu perlu dibawa isukan, ku manehna disadiakeun. Barang geus tarapti sarta geus rada peuting, tuluy sarare.

Kakara pukul tilu janari jelema geus obyag harudang di unggal imah, tapi teu aya nu ka cai, da puguh sakitu jauhna jeung ongkoh sakitu tirisna; ngan ukur sibeungeut bae ku kele. Awewe-awewena tuluy marirun seuneu, ngarejo, nalaheur cai. Sabot ngadagoan sangu asak, pek nyambel. Ari geus asak, poek-poek keneh teh urang gunung mah geus marumuluk, sawareh sanguna dijieun timbel, pibekeleun salakina kana gawe, dibuntel ku wawalun, dihijikeun jeung bungkus sambel jeung uyah. Ti dinya kakara jung kana gawe: aya nu ka kebon kopi, aya nu ka dayeuh mawa dagangan suluh jeung salian ti eta. Barudakna anu lalaki oge nya

58