kitu bae, lamun teu milu jeung bapana, ngarangon domba, embe atawa munding ka leuweung. Nya kitu deui awewe-awewena teu aya anu nganggur, nutuan kopi tea, atawa ngabantuan moe kopi di buruan jeung salian ti eta.
Ku tina sakitu sabab sakitu gandengna, Nyi Piah jeung Ujang Kusen anu tuman kabeurangan harita mah kapaksa hudang rebun-rebun. Sanggeus saribeungeut pek darangdan. Ari kana mumuluk janari mah teu kabawakeun, wantu urang dayeuh.
Barang geus pukul genep jung Ujang Kusen jeung Nyi Piah arindit, diiring ku batur-baturna awewe lalaki. Awahing ku tiris Nyi Piah mah dibajuna mani tilu rangkep, dikaos diselop, pek diharudum ku sal. Tatapi sanajan kitu teu burung leho monyetan, irung beureum kawas cabe. Ari kebon teh rada jauh lalakon satengah jam ku lalaki anu baku jeung teu aya pegatna nanjak. Atuh Nyi Piah liwat saking ripuheunana. Kakara satengahna selop geus dilaanan, da nyeri. Ari teu make selop nyeri deui, kawantu tara tuman leumpang jauh teu diselop. Geus singsarewa teu ngeunah bae. Bawaning dikeureuyeuhkeun nya teu burung nepi, kitu ge lila pisan di jalanna, mani sajam leuwih.
Ari jol teh datang batur mah geus lila deui ngaralana kopi; ku nu ngarekes mah geus kaporotan.
Nyi Rapiah teu kira-kira kagetna nenjo kebon kopi kutan kitu, saluar-luar puncak pasir jeung di lamping-lamping gunung pinuh ku tangkal kopi, beres ngajajar turut palintang, di handapna lenang belening. Tangkalna aya nu sagede pingping, aya nu sagede bitis; ngan kebon baru anu laleutik keneh, kakara sagede indung suku atawa sagede leungeun budak, tapi geus baruahan. Buahna nu geus arasak beureum areuceuy, nu geus karolot pisan semu wungu. Nyi Rapiah ari nginum kopi mah mindeng jeung sikina nu tacan ditipung oge geus remen nenjo, tapi ari nenjo tangkalna jeung buahna mah kakara harita.
Sakur anu ngarala kopi, awewe-lalaki, pada nyorendang kolanding atawa endong kadut. Ari ngalana sakur anu kahontal mah dipetik ti handap bae, tapi ari anu luhur ditarajean jeung nu