kapan engke mah baris dipercayakeun ka batur. Ari jol nu ti gudang, bet mawa duit ƒ 25.―
Nyi Rapiah seuri nenjo duit sakitu lobana, kawas babari ngarah duit tina kopi teh. Ari kana duitna mah resep Nyi Piah teh, embung soteh cicingna di gunung.
Ku Ujang Kusen pagaweanana teh diatur kieu: anu jadi kawasana nya eta si Tahar, purah nguruskeun ngalana jeung ngomena di lembur; anu nyekel kopina anu geus beunang milih jeung nu ngajualna ka gudang, ku manehna sorangan. Jaba ti dinya Ujang Kusen moro-moro mariksa nu ngome jeung sakali-kalieun rek ngalongok oge ka kebon.
Ari barang, waktu Nyi Piah di dinya keneh oge geus rewak bae anu nyarokot, lolobana nu nganjuk. Harita dipasrahkeun bae ka dulur misanna, ngaranna Ujang Ali, ngajualna katut nagihanana. Nya kitu deui dagangan beas diserenkeun ka dinya bae. Ari Ujang Kusen mah minangka anu jadi kapalana.
Barang geus tarapti atur-atur pagawean bral bae Ujang Kusen jeung Nyi Piah baralik ka lemburna di Sekeawi.
Ti semet harita Ujang Kusen meh unggal poe bae pulang anting ka gunung ngurus pagaweanana, kajaba ari kacida ripuhna atawa di lembur aya nu perlu, nya tara indit. Nya kitu deui upama keur kapalang gawe, di gunung manehna sok mondok.
IX
Kacarita dina hiji poe kira wanci pukul satu, Nyi Piah ngadaweung bae di tepas sorangan; Ujang Kusen keur ka gunung, ari baturna nu awewe tea keur digawe di dapur, keur nyadiakeun dununganana. Semuna Nyi Piah teh kacida pisan nguluwutna pikir, ngarasakeun teu betah jeung inget ka urang dayeuh, ka kolot-kolot geus sono sumawonna ka adina nu awewe, anu sakitu apetna ka manehna, mani geus asa dina mata bae. Tina geus teu katahan, ngan curucud bae bijil cipanon.