Keur kitu pecenghul si Abdullah, panglayar Aom Usman tea ngelek geblogan encit. Nyi Piah mani ngagebeg, atina teg-tegan ratug kawas nu tutunggulan bae, reuwas pabaur jeung atoh. Ti kajauhan keneh si Abdullah geus nyerengeh bae. Geuwat Nyi Piah ka imah nyokot samak, bar diamparkeun di tepas. Omongna, “Katuran, kang! Sareng saha akang teh?”
“Sakieu bae, Nyai. Kumaha damang?”
Walon Nyi Piah bari imut, “Berekah kang. Mangga calik. Nyandak naon eta teh angkaribung teuing?”
“Ngabantun encit jualeun. Angkat ka mana raka?”
“Teu aya, ka gunung.”
„Eum, hanjakal, puguh akang hayang tepang, geus lami teu tepang-tepang. Ari nyai sareng saha di dieu?“
“Sorangan bae, kadua budak awewe bantun ti dayeuh tea.”
“Ngadamel naon raka teh di gunungna?”
“Keur ngala kopi.”
“Naha nyai teu sareng?”
Walon Nyi Piah bari seuri, “Ah, teu betah, kang. Kamari ieu milu sakedap.”
“Hih, ulah kitu. Wayahna bae, da jeung caroge.”
“Wah, masing jeung salaki oge, ari teu betah mah, teu betah bae.”
“Sok kulem raka teh di dituna?”
“Teu kantenan, sakapeung mondok, sakapeung pulang dinten.”
“Ayeuna kumaha kira-kirana, bakal kulem?”
“Duka, da sok tara kenging ditangtoskeun, kumaha keur seueurna padamelan bae.”
“Edas, ku raos di dieu, Nyai! Akang mah betah”
“Puguh bae raos mah, kang, imahna alus, gedong, sareng bareresih; kembang soca loba, keur ngalilipur hate.”