Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Si Abdullah imut ngagelenyu kaharti ku manehna, yen Nyi Piah teh kacida ingeteunana ka Aom Usman. Sameureun Aom Usman sakitu kokolopokanana, cara budak dibeuteungan nyusu bae, kawas terus rasa. Beuki wani manehna nembongkeun maksudna, da puguh pang-datang ka dinya teh aya nu miwarang. Ari encit tea mah dijieun daku bae, lain enya ngahaja rek dagang. Tuluy manehna ngomong, pokna,

“Kumaha nyai tara eling ka urang dayeuh?”

“Beu, kang, teu kinten bae, mani geus kaimpi-impikeun. Kumaha di imah ema, abah, daramang? Sareng kumaha si nyai, cageur? Kuring teh inget bae ka si nyai, mani bieu mah basa akang memeh sumping kuring ceurik.”

“Berekah, Nyai, sadaya oge daramang di kulon, di wetan; ngan basa akang rek ka dieu, teu kabujeng nepangan heula, kawantu rusuh. Malum bae da puguh akang jelema teu gaduh, rek dagang ieu encit, ngarah peperetna saeutik-eutikeun, ulah teu aya teuing usaha, era ku pamajikan.”

“Cing ningalan, kang. Euleuh alus! Keun kuring oge rek meser. Ieu ku ngan nyandak saeutik. Ieu teh ngan sakieu-kieuna?”

“Ngan sakitu-kituna; wah, dagang lumayan bae, eta oge lain gaduh akang, kenging ngayuh.”

“Sabaraha saelona? Lamun seug loba mah untung, tangtu laris, da ayeuna keur usum kopi. Keun bae, ieu oge ku kuring dibeuli kabeh, keur jualeun deui.”

“Mangga, nu eta sageblogna ƒ 6.50, ari nu ieu ƒ 9.―.”

“Mangga. Engke bae artosna mah ngantosan rai. Montong rurusuhan, kulem bae di dieu, sugan rai pameget sumping.”

“Ari mondok mah moal bisa akang teh, kawantu ngabantun per sewa.”

“Kajeun teu kulem oge, engke bae tuang heula. Ari artosna mah keun bae, diduitan ku kuring bae, ngan ulah rurusuhan, sono keneh, asa papanggih jeung urang dayeuh.”

65