Si Abdullah imut bari ngomong lalaunan, “Kumaha Nyai, ka nu tepang di jamban teh tara eling?”
Nyi Piah seuri bari tungkul, walonna, “Beu, kang kuring mah montong dipariksa deui, ti barang pindah ka dieu teu acan aya pisan pohona. Cacakan mun kuring lain awewe, meureun kumaha mah? Ngan eta bae ari awewe mah gede wiwirang, gede dingding paminding tea. Kuring teh estu asa digelokeun ku Aom teh. Sameureun cek sisindiran: kaduhung kuring ka Lembang, ka Lembang ka Cibiana. Ari geus kieu mah kantun ripuh sorangan. Cau ambon dikorangan, malati ka pipir-pipir.”
“His, ari Nyai, ulah kagungan manah kitu, moal enya nepi ka teu katerusan. Saestuna mah akang datang ka dieu, lain rek dagang-dagang teuing―eta mah sambian bae dipiwarang ku Aom, nya eta nyarita ka Nyai, teu kinten ku hoyongeun tepang, sagokan bae, saurna, tina geus sakitu anjeunna teu tahanna. Ari saestuna mah akang teh mani geus bosen deui, da datang ka ngaguk guk cara budak, nangis di hareupeun akang, pokna ngan: kumaha, kumaha bae.
Ayeuna mah lain kitu timbangan akang, mending tepangan bae sakedap mah, supaya di Nyai ulah jadi kasawat, di ditu pon nya kitu. Permios bae ka raka sawengi mah atawa dua wengi, haturkeun ibu teu damang, kituh. Atawa sareng raka oge ka ditu teu naon-naon, da jelema mah moal kahelokan akal. Jeung deui kapan eta teh putra menak, ana dibere nyeri ati ku urang bisi matak kuma onam, sing nyaah kana salira.”
Walon Nyi Piah, “Nya eta, akang, yaktosna mah kuring teh geus tetekadan, tina awahing ku bingung. Cicing bae di dieu teu betah, ari diajak balik Kang Kusen teu daekeun.Tungtungna kuring mah tina kieu-kieu teuing rek minggat bae, pegat nya pegat jeung Kang Kusen, da kumaha atuh ari teu betah.”
“Is atuh ari kitu mah Nyai langkung sae. Upama Nyai maksakeun maneh calik di dieu, engke matak ruksak salira matak kagegeringan. Wondening diserahkeun ku raka, keun bae, da anom keneh, Aom oge moal burung keresaeun mihukum ka Nyai. Bari