Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

cek akang mah mending carogean ka Aom, itu mah putra menak. Sugan bae aya darajat Nyai nepi ka bisa jadi Nyi Wadana atawa Nyi Patih. Najan henteu oge, ari ka menak mah ngalap berekahna jeung ngawulakeun sepuh-sepuh, supaya bisa rada ka tengah; sahenteuna,kawantu itu mah turunan nu kagungan nagara. Sumawonna lamun Nyai nepi ka kagungan putra, estu pijimateun kabina-bina, anu baris ngauban ngahibaran ka baraya-baraya urang.”

Omongan si Abdullah kitu, kabeh asup kana pikir Nyi Rapiah. Tuluy manehna ngomong, pokna, “Ah, mangga bae ayeuna mah, kang, kuring milu, urang minggat bae, meungpeung Kang Kusen lila keneh ka pidatangeun. Keun bae, kumaha behna bae.”

Cek si Abdullah, “Sae, da akang kapan per mawa. Mangga ayeuna urang buru-buru.”

“Mangga, engke kuring rek dangdan heula.

Misnah, ka dieukeun eta sangu teh haturan akang bawa, sina tuang.”

Tuluy Nyi Piah dangdan, entep-entep, tapi anu dibawa teh ngan papakean jeung emas inten bae, dipetian dua peti. Lanjangna tea, si Misnah, dititah dangdan deui pokna, “Dangdan sia, urang ka dayeuh.” Sabot Nyi Piah entep-entep si Abdullah dahar.

Sanggeus reres, tuluy peti diakutan ku si Abdullah, jung saurang-saurang kana per ngarah ulah katara. Nyi Piah mah teu disalindang-salindang acan. Ari perna diteundeunna rada jauh ti lembur teh. Jeung kabeneran harita teh lanceuk Ujang Kusen keur ka sawah, pamajikanana sare, lalaki-lalaki nu sejen keur jarongjon dina gawe, di pabrik jeung di kebon, ari awewe-awewena di jarero imah, kawantu poe panas, hayangeun rareureuh mentas digarawe.Jadi Nyi Rapiah minggat teh euweuh saurang-urang acan nu nyahoeun.

Nya pohara darajatna si Abdullah rek maling Nyi Piah teh sakitu lungsur-langsarna, sagala kabiruyungan. Jeung eta teu kapalang gelona si Abdullah teh, kapan Ujang Kusen teh baraya

67