Lompat ke isi

Kaca:Baruang Ka Nu Ngarora.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

manehanana, naha nepi ka dipaling pamajikanana, padahal buruhna teh ngan ukur lungsuran baju potongan jeung duit rurupiaan, nepi ka Adam lali ing tapel. Manahoreng panglayar mah wawatekanana teu beda jeung bangsat, najan banda sobat atawa baraya, ari pareng bongoh mah nya dipaling bae. Demi anu kapi-kapi kana eta nu dua rupa pokrol bangbu, asal bisa bae tangtu macok perkara kumaha engke.

Gancanging carita Nyi Piah jeung si Abdullah geus jung indit. Datangna ka dayeuh geus burit. Cek si Abdullah, “Nyai, ayeuna montong tuluy ka bumi rama, sabab geus burit, turug-turug babarengan jeung akang, bisi matak ngabarubahkeun manahna; ka bumi mah isuk deui bae ti beurang, urang nyiar akal heula anu alus, anu rapat. Ari ayeuna urang terus ngadeuheusan ka Aom, ambeh anjeunna sukaeun manahna, ka Nyai tambah asih, sabab kamanah, Nyai gumati kana panyaur. Jeung lamun di balakangkalihna Ujang Kusen nyieun perkara ka Nyai, tangtu anjeunna anu pimangmeunangkeuneun. Tapi lamun teu buru-buru ka ditu, tangtu moal.” Walon Nyi Piah, “Mangga, kuring mah ngiringan bae.”

Ku sarerea tangtu kaharti, yen Nyi Piah dina mangsa-mangsa harita geus taya petana puguh pikirna, kawantu awewe anu mangminggatkeun ka salakina teh lain perkara leuleutikan, matak jadi uru-ara gede. Kumaha lamun salakina poho nepi ka megatkeun nyawa atawa ngarogahala? Sakurang-kurangna ge ditambang mah kudu, moal aya nu bisa nulungan, da hukum oge teu ngidinan. Jeung kolot oge tacan puguh ngarempugan, kawantu lain jalan hade. Ku sabab eta kapaksa manehna kudu masrahkeun dirina ka si Abdullah. Saparat-parat jalan teu pegat Nyi Piah lumenyap rumenjag hate, asa jol, asa jol, anu nyusul. Sameureun cek saur nu palinter: Lampah salah narikna kana borangan, lampah bener matak jadi teger hate.

Ku si Abdullah Nyi Rapiah dibawa ka imahna gulang-gulang, di sapungkureun lebet, lembur suni sarta buni, pantes tempat panonoban, nya eta kombonganana Aom Usman, anu sok

68